Hahahah.... dibasajankeunana kaleuleuwihi atuh, Bah...
Baraya, punten interupsi yeuh... Kuring rek nanya, naha ieu jejer nyandung teh rek diteruskeun nepi ka iraha? Nepi ka salah sahiji pihak musnah? Atawa kumaha? Ti barang kuring asup ka ieu milis sababaraha taun ka tukang, masalah nyandung geus beak dengkak dipaseakeun. Ayeuna, gara2 Aa Gym nyandung, Kusnet genjlong deui... Simkuring usul, kumaha mun hoghag masalah ieu urang pungkas bae dugi ka dieu? Da geuning dibandungan dibacaan ge, sigana moal aya anggeusna. Kumaha? Satuju? Awas siah mun teu saratuju...Ngke balik diarah siah ku aing... --- sikandar kuncen #5 On 12/15/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
TINIMBANG T : "Kunaon nyandung?" J : "Tinimbang jinah, lacur ka ungkluk"

