--- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote:
> Eta kuring mah kurang ngarti jeung aturan gratifikasi KPK sakumaha 
> ditulis 
> ku Pa Dosen dihandap, yen dosen-dosen nu nyambi jadi konsultan 
> misalna, 
> disebut korupsi. Karunya teuing atuh dosen-dosen kuring di ITB, 
> disebut 
> koruptor oge meureun. Padahal, aranjeunna mah nyambi teh estu 
pikeun 
> ngabantu "ngabiayaan" ITB oge. Da aya sistem pembagian 
> pendapatanna...

Ceuk kuring mah, Dosen atawa panalungtik perlu digawe diluar 
(nyambi), sabab eta engkena jadi bahan keur ngajar muridna. Ari 
dosen ukur ulukutek di kampus wae mah, naon nu rek diajarkeun? ukur 
eusi buku jeung teori, padahal murid teh kudu dibere nyaho, hal-hal 
praktis nu euweuh dina buku, nu bakal kasorang lamun murid engkena 
lulus tuluy digawe.

Nya ari perkara meunang duit mah, diatur we atuh kudu kumaha alusna. 
Tapi aturanana ulah tepi ka dosen kapok/sieun neangan pangalaman 
diluar kampus. Loba para akhli ayeuna, nu keur mahasiswana dibawa-
bawa ngobyek ku guruna ....

Baktos,
WALUYA
(Lain PNS) 
  


Kirim email ke