Ihhh..ari si kasep..., nu ngaranna sepuh mah, ari ditaros nya kedah ngawaler
atuh, kitu oge upami kaleresan terang, teu di taros mah nya mending ngalangeu,
ngabandungan nu aranom gunem catur.
Ari gondewa mah tangtos wae buatan urang, sareng bentukna oge benten sareng
gondewa anu ayeuna sok dianggo pasanggiri panahan, benten deui sareng gondewa
tradisi di China sareng Korea, gondewa Korea/China mah langkung melengkung,
upami gondewa diurang mah mung sapertilu atanapi saparapat buleudan/lingkaran,
mirip-mirip gondewana urang Romawi, mung bae gondewa romawi mah tina kai.
Gondewa urang mah (tradisi) panjangna kirang langkung 1,5 meteran, didamelna
tina bongkot/puhu tangkal awi, awi anu seueur dianggo, kayaning awi haur, awi
gombong, awi temen, eta gondewa tina dua potong awi teras disambung ditengahna
ditempelkeun kana kai anu mangrupi satengah buleudan, teras dibakutet
(dibeungkeut) ku tali (duka tali naon)
namung sanes tali rafia, eta kai panyambung panjangna kirang langkung dua
jengkal, saparantos kiat nyambung awina, eta kai panyambung teras dibungkus ku
lawon buludru atanapi kulit uncal, kulit mencek, kulit embe, aya oge anu ku
kulit maung.
Palih tungtung duanana dipasangan pangait tina tanduk (halah.. hilap deu
namina) anu tiasa dilipetkeun kapalih luar, maksadna kanggo ngaitkeun tali
gondewa.
Sakitu,
ssw
kumincir [EMAIL PROTECTED]
Ari ditanggap mah teu burung alewoh Apih ge, heuheu.... becirrrr....
Apih, eh, punten Kang Maman, simkuring nyelang heula naros. Keun wios nya?!!
Piraku teu ngelehan ka anak bawang...
Apih, dupi gondewa anu dianggo teh gondewa damelan urang2 keneh (hasil tradisi)
atanapi kenging ngimpor sapertos gondewa anu sok diangge saembara papanahan
jaman kiwari?
Perkawis sumpit, jaman kuring keur budak leutik keneh sok ulin ka pun uwa (uwa
soteh pedah bae lanceukna punbiang, da sareng punbapa mah tetep langkung sepuh
punbapa) anu kabeukina tara jauh ti lauk. Sakainget kuring bae, anjeunna teh
bumen2 di wewengkon Banyuresmi, Garut, meh bae papeuntas2 jeung situ Bagendit.
'Turut istri', da kaleresan istrina ditugaskeun ngawulang di sakola peuntaseun
Bagendit.
Balik deui kana sumpit, kuring oge kungsi diajar, eh, ngajaran sababaraha
rintakan sumpat-sumpit. Anapon sumpitna... duka tina naon nya nyieunna, da
asana mah hideung2, jeung sigana lain tina logam (poho deuiwww). Tah, lebah
paserna nembe tina logam, sahingga melesurna ge teu bisa jauh2 teuing, da
barina oge eta sumpit teh ukur dipake nyumpit lauk...
Recent Activity
21
New Members
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Y! Messenger
Send pics quick
Share photos while
you IM friends.
Yahoo! Photos
Upload Now!
First 20
prints are free
Yahoo! Mail
You're invited!
Try the all-new
Yahoo! Mail Beta
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda