bah dirman,
kanggo nambahan info, pasar batu teh aya oge di martapura, kalimantan
kidul. eta pasar memang husus icalan batu. teu aya nu icalan lotek di
dinya mah. hehehe. tempatna caket pisan ka bandara. upama ngapung teh,
barang eunteup tinggal nyengcle kana taksi kira-kira satengah jam tos
anjog ka pasar batu martapura. numutkeun beja, galian kucubung teh ayana
di pangkalan bun, kalimantan tengah. 

baheula mah, sim kuring aya balad urang india banjar. manehna usaha kana
batu permata, muka toko jual meuli batu. ngan kiwari ki balad teh, pindah
ka bogor, cenah mah dumuk di komplek paspampres. jigana upama bah dirman
tiasa kontak ka anjeunna, seueur informasi nu tiasa dipadungdengkeun soal
perbatuan mah. ke sugan urang paluruh no teleponna. 

upama bah dirman seja luha loho ka martapura mah, jigana aya sababaraha
baraya nu tiasa  dipakumaha. kuring aya pasukan us di dinya. hehehe. ngan
kuring pribadi danget ieu mah teu tiasa mantuan. paling-paling nepungkeun
sareng baraya sejen ti kaanggangan.

salam,
mh

--- Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Di Bpn mah puserna teh di pasar Kebon sayur, mung kaleresan sabaraha
> taun
> kamari eta pasar kahuruan atuh ayeuna teh janten rada sesah da masih
> jongko
> sementara tea. Seueur pisan batuna teh, tapi nya sapertos kasauran bah
> Wily
> tea seueur oge imitasina tah, kumaha atuh da sim kuring mah teu tiasa
> ngabentenkeunana ... palaur masihan info ka abah ari pek teh batuna
> palsu
> matak nguciwakeun..., ari dipapay sadayana mah, bakal numpuk geura
> address
> bookna hehehe ...cikan kumaha Bah?
> 
> Salam,
> Budyana
> 
> 
> On 12/14/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   Bah, Enya leres di Balikpapan seueur batu. Di pasar naon geuning,
> > seueur kios nu jualan batu. Batu wungkul atawa aya oge nu tos
> > dirangkaan ku emas (18 karat). Kuring oge kungsi laha-loho kadinya,
> > ngan kulantaran teu ngartos, jadi teu wantun meser, da cenah mah,
> > aya oge batu imitasi.
> >
> > Bah Dirman, di Sukabumina dimana? abdi urang Sukabumi yeuh, kacandak
> > ku pun bojo. Kapungkur Bah Dirman teh sanes aya di Amrik?
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
> >
> > --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>,
> dirman
> > surya <[EMAIL PROTECTED]>
> > wrote:
> > >
> > > Numawi abah teh hoyong ngagaleuh ,kanggo icaleun deui .
> > > Nya tangtos bae ari anu teu hobby kana batu ali ,moal patos
> > ngartos .
> > > Nanging rupina upami kaleresan naroskeun batu asli Kaimantan
> > rupina
> > > diuningakeun batu kucubung kupemilik Toko Batu.
> > > Anu sae warnana ungu tua .
> > >
> > > wassalam abah,
> > >
> >
> > 
> >
> 


___ _           _ _     ___ ____ ___/ __| |_ _  _ __| (_)___| __|__  / _ \\__ \ 
 _| || / _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/  /_/

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke