Neng, urang sunda mah jalmi aya, tara kamana-mana ... hahaha enya, perlu diajar basa sunda teh, ngan mun di pangumbaraan sok pabeulit, mun diajar sunda wae, meureun manehna bakal teu bisaeun komuniksi jeung batur na, boh batur ulin atawa disakola. Komo indungna lain sunda pituin, beuki pabeulit, hahaha ....
Nya kuring mah sabisa-bisa we di kenalkeun jeung basa sunda, minimal bisa ngomong "eu" sabab eta mun diajar na geus gede, rada hese, sing kalah kumaha lila di sunda ge. Sok buktikeun, enya ge urang sunda, tapi tara biasa ngomong sunda, atawa geus lila teu di tatar sunda, sina ngomong CIUMBULEUIT, abong mun teu bapeulit hahaha .... geus ah, bisi ka tutuluyan. On 12/15/06, yukevirlianti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nahanya urang sunda seueur anu teu PD kana bahasa sunda??? buktina barudak ayeuna...diajar ku kolotna teh kalahka bahasa endonesia lain sunda. naha teu elit kitu bahasa sunda teh????
-- wassalam d_wahyu - http://ngacapruk.bom - duka blog duka naon, mangga we toong

