Assalaamu'alaikum wr. wb.
Nembe bajuna tos digentos ku nu anyar ngarah loka kusnet rada geulis.
Aya gambar kuncen kusnet nuju nanggeuy gado bari ningalikeun barudak
nu ulin di saung sawah :-)
Mangga uningaan manawi kaanggo.
Baktos,
Lies
--- In [email protected], "Deni Wahyu" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalaamu'alaikum wr. wb.
> Baraya kusnet utama na para sepuh, ulah kirang hapunten, ceuk
paribasa mah
> pleng less, ti mimiti kuncen loka (gan Eko) mundur (eureun heula
meureun,
> piraku ari mundur mah), ngan kakara dua kali ngirim berita teh,
maklumlah
> sim kuring "sok sibuk tea" hahaha. Ah moal papanjangan bisi hoream
maca na,
> da sanes jejer nu menarik siga ngawayuh, kieu baraya (titik dua) :
> 
> Kahiji
> Ngaran, alias domain name. Ayeuna bakus ngabogaan 3 domain, enya tilu,
> beunghar yeuh, nyaeta :
> 1. urang-sunda.or.id - ieu nu tos matuh
> 2. urangsunda.or.id - pedah ceuk mj, cobaan di piceun setripna, nya
ngumaha
> ka depkominfo salaku lembaga nu ngurus domain .id, alhamdulillah di
tedunan,
> sa enggeus ngirim akta jeung KTP MJ (siga na mah helok ku KTP, matak di
> tedunan ge, hehehe)
> 3. urangsunda.net - tah ieu mah hasil badami sim kuring sareng teh lies,
> supaya urangsunda tambah gaya, hahaha. harita kungsi ngaran ieu
leungit di
> database internet, padahal tos di registrasi, duka kumaha, aya nu sirik
> pidik jail kaniaya kitu? nya di registrasi deui di indonesia, beres.
> 
> urang-sunda.or.id eusina masih keneh nu heubeul. nu dua
urangsunda.or.idjeung
> urangsunda.net tos di hijikeun, mangga we cobian :
> 
> http://urang-sunda.or.id
> http://urangsunda.or.id sami sareng http://urangsunda.net
> 
> engkena, nu urang-sunda.or.id ge bakal di hijikeun
> 
> Kadua
> Koropak alias alamat surelek. tilu ngaran eta geus di hijikeun, jadi
> [EMAIL PROTECTED] [EMAIL PROTECTED] jeung
> [EMAIL PROTECTED] mawon, mangga we cobian. Alamat akses na ge
> jadi tilu :
> http://koropak.urang-sunda.or.id
> http://koropak.urangsunda.or.id
> http://koropak.urangsunda.net
> 
> Mangga nu teu acan gaduh, bilih bade ngiringan ginding, seueur keneh
jatah
> yeuh.
> 
> Katilu
> Hosting. Desember ieu hosting di indoglobal, seueup waktosna. Tapi
teh lies
> tos masihan tempat nu lega pisan. Beres pisan ieu mah.
> 
> Kaopat
> Eusi na, urang berelekeun hiji-hiji, bae panjang ge, wayahna macana
> piboseneun, naha atuh pipilueun maca, hehehe
> 
> 
> PROFIL atawa about sunda na ma Ngeunaan atawa prakata, meureun.
> Teu acan di kupi pes. Ari kahayang sim kuring mah di poles deui. Cik
para
> sepuh, inohong, aya nu ikhlas rido ngeusian nu ieu? Di antos pisan.
> 
> BARAYA US
> Nu kapikir teh kieu. Nu heubeul jadi halaman statis we, atawa arsip. Ti
> semet ayeuna jadi siga Profil, tapi khusus keur baraya Kusnet.
Conto, Profil
> ngeunaan Kuncen, Ua Sas, MJ, eusina siga Riwayat Hidup, khususna ngeunan
> ulubiung na di Bakus. Kumaha? Satuju? Mangga nyanggakeun kanu
ahlina, da sim
> kuring mah ngan bisa ideu hungkul, hehhee.
> 
> BUKU TAMU
> Jadi modul Buku tamu. Ceuk agan Kumi mah cenah, nu heubeul di
jadikeun arsip
> we. Kitu sugan? aya ideu deui?
> 
> CARPON
> Aya dina menu Ngadu Bako (pangalaman paramitra), sastra (carpon) - beres
> 
> KASUNDAAN
> Aya dina menu Kasundaan (budaya, esei, kaislaman, KIBS, sajarah) - beres
> 
> PARIBASA
> Bade janten modul nu bakal muncul di luhur, unggal nu akses, eusina
> beda-beda, ceuk urang sabrang mah Random Quote tea. Tapi can beres,
ngedit
> manual, ngalempeng-lempengkeun heula kalimah na.
> 
> DONGENG
> Sabab kosong. nya teu akutan.
> 
> SAJAK
> Aya dina menu Sastra (sajak) - beres
> 
> BOBODORAN
> Aya dina menu Sastra (banyol) - beres
> 
> e-PUPUH
> Di gabung dina halaman wiki - hanca
> 
> KOROPAK
> Da kosong.
> 
> KAMUS-ONLINE
> Nu ieu asa rada lieur, teu acan aya ideu. Nu kapikir teh jadi
halaman statis
> heula. Baraya gaduh ideu?
> 
> SISINDIRAN
> Dina menu Sastra (sisindiran), tapi can beres da teu acan aya nu nyepeng
> 
> PANTUN
> Aya dina menu Sastra (pantun) - beres
> 
> NGADU CATUR
> Aya dina menu Ngadu bako (umum) - beres
> 
> RESEP KATUANGAN
> Aya dina menu Unak-anik (katuangan) - beres
> 
> HARIRING SUNDA
> Aya dina menu Unak-anik (tembang) - beres
> 
> SEJARAH TEMPAT
> Aya dina menu Kasundaan (sajarah) - can beres
> 
> INOHONG
> Aya dina menu Urang Sunda (inohong) - beres
> 
> PEMANDANGAN
> Poto pemandangan bakal di angkut ka filckr, tapi can beres
> 
> PUSAKA SUNDA
> Aya dina wiki. Can beres da hasil na teu nyepeng
> 
> AL-QUR'AN
> Aya dina wiki. Can beres da hasil na teu nyepeng
> 
> DOWNLOAD
> Can beres. Teu acan aya nu nyepeng
> 
> LENYEPANEUN
> Aya dina menu Kasundaan (kaislaman) - beres
> 
> CARITA TI LEMBUR BABAKAN KUSNET
> Teu acan aya nu nyepeng
> 
> MIELING MANG KOKO
> Di kana menu Urang Sunda (inohong). Tapi can beres da teu acan aya nu
> nyepeng
> 
> LINK
> YAYASAN PERCEKA
> tadi na mah rek di jieun sub domain, tapi jatah di teh lies tos
pinuh, jadi
> we direktori. Tapi ceuk sim kuring mah, sabab eusina statis. Kumaha
lamun di
> jadikeun halaman statis, napel dina menu Urang Sunda? Diantos.
> 
> NGICAL BUKU SUNDA
> Ah ieu mah kumaha nu nga geugeuh we, agan kumi, tos di sadiakeun
> tempat nahttp://urangusunda.net/bs
> 
> MANGLE
> Di pupus da teu di apdet
> 
> GALURA
> Di pupus da teu aya
> 
> SUNDANET
> Di alihkeun ka Tmbu ramat
> 
> LANGARI
> Di pupus da teu aya
> 
> WIKIPEDIA SUNDA
> Dina menu Pakait http://su.wikipedia.org
> 
> CUPUMANIK
> Di alihkeun ka Tumbu Ramat
> 
> LSS ITB
> Di pupus dan teu aya
> 
> RADIO ONLINE
> Di pupus da teu aya
> 
> Tambah kanggo menu Pakait
> Wiki Urangsunda http://wiki.urangsunda.net
> Kotak Surat http://koropak.urangsunda.net
> 
> Nuhun ka
> MJ, Teh Lies, Kang Kumi, Kang Dudi, Kang Budhi, Kang Emod, Kang
Boim. Mangga
> nu bade ngiringan, diantos.
> 
> Sakitu nu ka pihatur. Nyuhunkeun pang rojong na, mudah-2 an desember ieu
> beres sadaya.
> 
> [nga renghap heula ah....]
> 
> -- 
> wassalam
> d_wahyu - http://ngacapruk.bom - duka blog duka naon, mangga we toong
>


Kirim email ke