Assalaamu'alaikum wr. wb.
Baraya kusnet utama na para sepuh, ulah kirang hapunten, ceuk paribasa mah
pleng less, ti mimiti kuncen loka (gan Eko) mundur (eureun heula meureun,
piraku ari mundur mah), ngan kakara dua kali ngirim berita teh, maklumlah
sim kuring "sok sibuk tea" hahaha. Ah moal papanjangan bisi hoream maca na,
da sanes jejer nu menarik siga ngawayuh, kieu baraya (titik dua) :
Kahiji
Ngaran, alias domain name. Ayeuna bakus ngabogaan 3 domain, enya tilu,
beunghar yeuh, nyaeta :
1. urang-sunda.or.id - ieu nu tos matuh
2. urangsunda.or.id - pedah ceuk mj, cobaan di piceun setripna, nya
ngumaha ka depkominfo salaku lembaga nu ngurus domain .id, alhamdulillah di
tedunan, sa enggeus ngirim akta jeung KTP MJ (siga na mah helok ku KTP,
matak di tedunan ge, hehehe)
3. urangsunda.net - tah ieu mah hasil badami sim kuring sareng teh lies,
supaya urangsunda tambah gaya, hahaha. harita kungsi ngaran ieu leungit di
database internet, padahal tos di registrasi, duka kumaha, aya nu sirik
pidik jail kaniaya kitu? nya di registrasi deui di indonesia, beres.
urang-sunda.or.id eusina masih keneh nu heubeul. nu dua urangsunda.or.idjeung
urangsunda.net tos di hijikeun, mangga we cobian :
http://urang-sunda.or.id
http://urangsunda.or.id sami sareng http://urangsunda.net
engkena, nu urang-sunda.or.id ge bakal di hijikeun
Kadua
Koropak alias alamat surelek. tilu ngaran eta geus di hijikeun, jadi [EMAIL
PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED] jeung [EMAIL PROTECTED] sami mawon, mangga we
cobian. Alamat akses na ge jadi tilu :
http://koropak.urang-sunda.or.id
http://koropak.urangsunda.or.id
http://koropak.urangsunda.net
Mangga nu teu acan gaduh, bilih bade ngiringan ginding, seueur keneh jatah
yeuh.
Katilu
Hosting. Desember ieu hosting di indoglobal, seueup waktosna. Tapi teh
lies tos masihan tempat nu lega pisan. Beres pisan ieu mah.
Kaopat
Eusi na, urang berelekeun hiji-hiji, bae panjang ge, wayahna macana
piboseneun, naha atuh pipilueun maca, hehehe
PROFIL atawa about sunda na ma Ngeunaan atawa prakata, meureun.
Teu acan di kupi pes. Ari kahayang sim kuring mah di poles deui. Cik para
sepuh, inohong, aya nu ikhlas rido ngeusian nu ieu? Di antos pisan.
BARAYA US
Nu kapikir teh kieu. Nu heubeul jadi halaman statis we, atawa arsip. Ti
semet ayeuna jadi siga Profil, tapi khusus keur baraya Kusnet. Conto, Profil
ngeunaan Kuncen, Ua Sas, MJ, eusina siga Riwayat Hidup, khususna ngeunan
ulubiung na di Bakus. Kumaha? Satuju? Mangga nyanggakeun kanu ahlina, da sim
kuring mah ngan bisa ideu hungkul, hehhee.
BUKU TAMU
Jadi modul Buku tamu. Ceuk agan Kumi mah cenah, nu heubeul di jadikeun
arsip we. Kitu sugan? aya ideu deui?
CARPON
Aya dina menu Ngadu Bako (pangalaman paramitra), sastra (carpon) - beres
KASUNDAAN
Aya dina menu Kasundaan (budaya, esei, kaislaman, KIBS, sajarah) - beres
PARIBASA
Bade janten modul nu bakal muncul di luhur, unggal nu akses, eusina
beda-beda, ceuk urang sabrang mah Random Quote tea. Tapi can beres, ngedit
manual, ngalempeng-lempengkeun heula kalimah na.
DONGENG
Sabab kosong. nya teu akutan.
SAJAK
Aya dina menu Sastra (sajak) - beres
BOBODORAN
Aya dina menu Sastra (banyol) - beres
e-PUPUH
Di gabung dina halaman wiki - hanca
KOROPAK
Da kosong.
KAMUS-ONLINE
Nu ieu asa rada lieur, teu acan aya ideu. Nu kapikir teh jadi halaman
statis heula. Baraya gaduh ideu?
SISINDIRAN
Dina menu Sastra (sisindiran), tapi can beres da teu acan aya nu nyepeng
PANTUN
Aya dina menu Sastra (pantun) - beres
NGADU CATUR
Aya dina menu Ngadu bako (umum) - beres
RESEP KATUANGAN
Aya dina menu Unak-anik (katuangan) - beres
HARIRING SUNDA
Aya dina menu Unak-anik (tembang) - beres
SEJARAH TEMPAT
Aya dina menu Kasundaan (sajarah) - can beres
INOHONG
Aya dina menu Urang Sunda (inohong) - beres
PEMANDANGAN
Poto pemandangan bakal di angkut ka filckr, tapi can beres
PUSAKA SUNDA
Aya dina wiki. Can beres da hasil na teu nyepeng
AL-QUR'AN
Aya dina wiki. Can beres da hasil na teu nyepeng
DOWNLOAD
Can beres. Teu acan aya nu nyepeng
LENYEPANEUN
Aya dina menu Kasundaan (kaislaman) - beres
CARITA TI LEMBUR BABAKAN KUSNET
Teu acan aya nu nyepeng
MIELING MANG KOKO
Di kana menu Urang Sunda (inohong). Tapi can beres da teu acan aya nu
nyepeng
LINK
YAYASAN PERCEKA
tadi na mah rek di jieun sub domain, tapi jatah di teh lies tos pinuh,
jadi we direktori. Tapi ceuk sim kuring mah, sabab eusina statis. Kumaha
lamun di jadikeun halaman statis, napel dina menu Urang Sunda? Diantos.
NGICAL BUKU SUNDA
Ah ieu mah kumaha nu nga geugeuh we, agan kumi, tos di sadiakeun tempat
nahttp://urangusunda.net/bs
MANGLE
Di pupus da teu di apdet
GALURA
Di pupus da teu aya
SUNDANET
Di alihkeun ka Tmbu ramat
LANGARI
Di pupus da teu aya
WIKIPEDIA SUNDA
Dina menu Pakait http://su.wikipedia.org
CUPUMANIK
Di alihkeun ka Tumbu Ramat
LSS ITB
Di pupus dan teu aya
RADIO ONLINE
Di pupus da teu aya
Tambah kanggo menu Pakait
Wiki Urangsunda http://wiki.urangsunda.net
Kotak Surat http://koropak.urangsunda.net
Nuhun ka
MJ, Teh Lies, Kang Kumi, Kang Dudi, Kang Budhi, Kang Emod, Kang Boim.
Mangga nu bade ngiringan, diantos.
Sakitu nu ka pihatur. Nyuhunkeun pang rojong na, mudah-2 an desember ieu
beres sadaya.
[nga renghap heula ah....]
--
wassalam
d_wahyu - http://ngacapruk.bom - duka blog duka naon, mangga we toong