Hatur nuhun, Kang. Oge ka nu sanesna. Katerangan salira tos didugikeun ka
jinisna. (Mung nu e-book teu tiasa dibuka cenah).
Lian ti talatah, sim kuring oge "helok" ku kaayaan di lembur: Siga nu
harengreng, bari (sapalih) ngaganggu panon. ("Ceuyahna" masigit nu meleg-meleg
ngaadopsi arsitektur Timur Tengah, lengkep sareng arabesque, sjte. Bari kituna
teh, siga di Ciater, parebut jeung pasar nu khas negara berkembang:
pasolengkrah teu puguh bari "sementara" tos aya taunna).
Oge, aya agenda sensitif tapi penting nu sigana kedah diteraskeun: Islam +
Sunda. Akang, Kang Eddy, Kang Tantan, Ajengan Thonthowi, Ajengan Maman
(Jatiwangi), sareng Kang Gibson sigana tiasa neraskeun eta wacana. Piraku
eureun dugi ka Hasan Mustapa? Hehehe...
Diantos.
Baktos,
Pun Maman
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Maman,
Anu sok dianggo ku abah Surya dina leresan ayat Al Qur'an kanggo mikawanoh
budaya nyaeta Surah Al Hujurot (surah ka 49) ayat 13: "Satemenna Kami
ngajadikeun aranjeun mangpirang-pirang bangsa jeung kabilah-kabilah
(seler-seler) teu aya lian iwal ti keur silih pikawanoh (lita'arafuu).
Satemenna jalma anu pangmulyana ti antara aranjeun eta anu pangtaqwana". Ayat
ieu jembar kacida maksudna. Ngan, mataholangna, miwarang urang silih hargaan,
ulah "fundamentalis" teuing dina harti tekstual teuing, tapi henteu sae oge
upami kontekstual (hermeneutisme) teuing. Di tengah-tengah wae, sakumaha ceuk
ayat nu sejen: ummatan wasathan. Ke manawi ka payun aya waktos urang guar deui.
baktos,
manAR.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com