Tah, duka upami sapertos kitu mah, Bah. (Yen, satemenna urang Sunda monogami). Nu kahartos ku sim kuring: Nyandung, eh ngawayuh, sanes monopoli urang Sunda. Seler sanes ge ngagaduhan "tradisi" eta. Sanes bae nu tos ngaragem Islam, nu pra Islam ge teu sakedik nu ngawarayuh. Abah panginten emut hiji urang Batak "udik" nu gaduh isteri dugi ka salapan -- upami teu lepat? Kitu oge urang Bugis. (Arung Palaka duka sabaraha isterina. Sanaos aya wanda politis, sareng kaleresan teu gaduh putra, nya sami bae pan ngawayuh?). Mung, saur cenah, dina budaya huma mah isteri teh sapertos nu dipisaur ku Abah. Partner. Sae oge upami urang ningali kumaha "pamendak" urang Kanekes ngeunaan ieu. Sigana Kang Deny Suwarja nu iasa maparin informasi. Kang Deny? Mangga, nyanggakeun... Baktos, Pun Maman
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Stereotype nu dijieun ku urang sunda sorangan Kang MGT? enya meureun. Ceuk kuring mah aya sikep ngadua ti urang sunda kana nyandung teh. Diantara satuju jeung henteu. Sabenerna aslina urang Sunda teh etnik nu monogamy, saluyu jeung budayana nu patani huma (peladang). Pamajikan keur patani sabenerna PATNER. Lalaki jeung awewe babarengan digawe di huma, teu aya nu dominan, nu hiji ngawasa nu sejenna. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

