On 12/17/06, L Parish <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> wa'alaikum salaam wr. wb.
> Hatur nuhun ka Kang Deni Wahyu nu parantos ngakoordinir hijrahna ramatloka  
> Kusnet, oge Akang-akang nu parantos angkut-angkut  ngalebetan ramatloka.
>
> Sim kuring aya ide-ide/usul ngeunaan penampilan ramatloka:
> 1. Di TEPAS (halaman muka), nu pangluhurna atanapi jajaran kahiji dianggo  
> keur napelkeun WILUJENG SUMPING sst-na (sababaraha kalimah pangbagea ti  
> sesepuh Kusnet ka tamu nu nganjang ka ramatloka) dianggerkeun pangluhurna/teu 
>  katindihan deui ku entry tina kategori "News" nu sanesna, teu ditanggalan, 
> oge  teu dipotong (teu nganggo "salajengna")

sae, mangga teh, tapi naon atuh eusina? hehehe ... mangga di antos
pisan nu bade ngeusian

> 2. Komponen Newsflash diaktifkeun kanggo berita singkat (sababaraha  kalimat) 
> nu haneut keneh boh ti lembur oge mancanagara nu aya patalina sareng  
> kasundaan (show budaya sunda, kagiatan inohong sunda, sareng  sajabina 
> kenging mulungan tina koran-koran nu haneut keneh), oge warta  anggota Kusnet 
> (nu nikah, nu pupus, nu orokan, ssjb-na).

tos aya, tapi mung hiji heula, nyaeta harewos bojong tea

> 3. Footer Joomla dipupus.

tadi namah kanggo ngahargaan kanu ngadamel, pedah haratis we ateuh

> 4. Flickr.com/foto, linkna dilebetkeun kana komponen Wrapper, sapertos  
> di-Frame janten kabungkus sapertos aya dina lebet situs kusnet.
> Mung saukur usul, kanggo dipertimbangkeun, katampi henteuna mah teu  langkung 
> kumaha saena pangemut Akang-akang.

tah nu ieu mah kedah diemutan heula, da sim kuring ge can apal sadaya,
hahaha ...

>
> Perkawis desain, hapunten bade nyobian ngamodikasi template joomla  kanggo 
> kusnet teh teu acan kapidamel, kaleresan kabujeng aya pidamelan nu  kedah 
> dipayunkeun. Upami aya baraya Kusnet sanesna nu tiasa sareng keresa  ngadamel 
> atanapi ngamodifikasi template joomla husus kanggo situs kusnet,  langkung 
> sae. Upami engke kusnet janten gaduh 2 atanapi 3 template teu  aya lepatna, 
> malih sae janten tiasa gentos-gentos, nu nganjang teu bosen  ningalina 
> desain-na.

aya keneh nu teu acan cocog yeuh, aya nu patumpuk, duka di browser nu sejen mah

nuhun pisan teh


-- 
wassalam
d_wahyu - http://ngacapruk.bom - duka blog duka naon, mangga we toong

Kirim email ke