Ka-Isa-an di tangtung tungtung dunya aing (bag I) Sang Rukhullah Isa ibnu maryam bakal lungsur ka dunya diahir jaman / deukeut ka kiamat pikeun nyalametkeun umat. Eta beja cenah teh nurutkeun hadist, diantarana didongengkeun ku Imam Bukhari, nu ku kitu teh nya jadi rame teu eureun eureun di dongengkeun dipadungdengkeun kusabab loba nu hayang nyaho kumaha maksud jeung kajadiana bari dibumbuan ku rupa rupa pamanggih jalma dina nyurahanana jeung cara nganepikeunana.
Dongeng ieu mah rek nyurahan carita euceuk/cenah eta nu aya hubungana jeung tangtung tungtung dunya sorangan (kiamat sughra/leutik)....naha? yu urang tilik jeung telek hiji-hiji. I Ahir jaman ahirna dunya kiamat qubra Lamun ngahartikeun ahir jaman/qiamat ruksak na ieu dunya nu (rada) buleud benjol tangtu caritaan cenah ngeunaan turuna sang rukhullah ieu cumah....moal kaalaman euy ...kacape cape mikiran. ....Sabab dunyana ge teuing iraha rusakna/ancurna. Umur dunya sakitu panjangna komo umur jagat. Sivilisasi jalma ge nu rebuan taun teu sacongo-congona acan. Sok Komo deui ahirna jagat teuing rusakna di generasi ka sabaraha. Aya santri nyieun tatarucingan Nabi naon nu ayeuna keur kararesel? Dijawab ku baturna Nabi Isa cenah...sabab nepi keun ka ayeuna nunggu nunggu tugas kudu lungsur deui ka dunya mangkaning geus hampir 2 millenium nungguna teh bari can keneh kiamatna. (kawas aya tatarucingan heureuy supaya dekeut jeung jibril kumaha carana? Gampang euy...jadi we pangangguran...sabab jibril ge malaikat pangangguran...ari tugas nurunkeun wahyu,.. ari Nabina geus beak...kabayang keselna...) Aya deui, nu heureuy nyindiran kanu lulus sakola luhur tapi ari praktek can bisa....wah euy eta mah aliran Isrofil...naha? heueuh teori nyaho praktek acan...ditugaskeun niup sangkakala tanda kiamat tibabaheula...kiamatna acan keneh..he..he..he. Ceuk salah saurang....... Eh..pamali siah...Allah mah kawasa lamun mantena keresa bisa wae kiamat isukan! Digebes ku nu saurang deui.... enya kitu tea mah... kumaha lamun tibalik....Allah mah kawasa lamun mantena keresa bisa wae rebuan taun kahareup can kiamat/can rusak keneh! Naon untungna keur maneh mikiran Isa as turun ka dunya di ahir jaman...geus sabaraha generasi timimiti aki, buyut, bao janggawareng...ngaromongkeun eta..ngalaman teu.. ...terusna mah der wae biasana parebut lamun.... Padungdengan nu euweuh guna..... raribut tuluy....biasana parebut euceuk jeung meureun...teu meunang beja pasti sabab teu barisaeun nanya langsung ka Allah na...(aya nubarisa langsung nanya ka Allah? Nu barisa mah cicing-cicing) Ceuk loba urang kampung mah... Bae ah rek turun rek henteu...teu aya bayana...asal aing salamet rahayu tangtung kaasup nu meunang nimat Allah (mustaqim). Da lamun uing poek mah jeung sasar aya lungsur sang Ruuhullah ge engke moal guna. Cacak Allah nu akrob jeung dewek marengan dewek unggal usik....dewekna poek jeung sasar mah cumah teu karasa kajeun enya, Allah ceuk cenah rahman jeung rahiim ge. Lamun seug pareng ngalaman pendak jeung putrana Siti Maryam di ahir jaman dunya/jagat terus uing kaasup nu dijalan mustaqim meureun senang...henteu mah meureun cumah. (Urang kintunkeun terasna upami pareng) baktosna Eddy Nugraha II . Ahir jaman ahirna hiji era. III. Ahir jaman ahirna hirup urang (kiamat sughra) __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

