Kang Rizts nu dipihormat,
   
  Neda pangapunten sateuacanna, wirehna sim kuring kirang satuju sareng 
pamendak salira: Milis ieu teu ngaheureutkeun dirina mung dina perkawis "budaya 
sunda". Utamina upami "budaya" eta mung sakadar kasenian, sajarah, basa, 
atanapi naon nu dianggap adat istiadat Sunda.
   
  Milis ieu, dina implengan sim kuring, tiasa nyawalakeun naon bae. Naha bade 
perkawis manajemen, politik, "taeun", bulu irung, sex, film, LSM, sjte. Asal 
ngangge Basa Sunda. (Wios Basa Sundana teu tartib atanapi teu diangken ku 
pangajaran di sakola-sakola oge).
   
  Perkawis Jafariah ieu, oge hal-hal sanesna, teu salamina pakait sareng 
kayakinan pribadi urang sewang-sewangan (utamina sim kuring). Ieu mah, paling 
heunteu, nambih kaweruh atanapi informasi urang (hususna sim kuring) ngeunaan 
hiji hal. Dina hal ieu, nya perkawis Jafariah.
   
  Ngeunaan eusina ngacapruk atanapi "teu pararuguh" nya teu sawios-wios. Sanes 
bae aya "nu puguh" di balik nu "teu pararuguh" eta, oge sadayana diwangsulkeun 
ka diri urang sewang-sewangan. Margi, nu utamina mah: Silaturahmi sareng 
ngarawat Basa Sunda tea.
   
  Hidup Teh Ely!
   
  Baktos,
  Pun Maman
   
  
Rizts Blazterino <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  ngartos, kangge sarerea,
kumargi kitu, milist ieu teh sanes kangge ngabahas masalah kayakinan
katambih2 deui, anu di ieu milist kirang ngarartos kana perkawis kayakinan

upami bade mah, ngabahas perkawis budaya sunda we, sanes anu sanes
eh, eta kamari ngabahas poligami, bari jeung eusina teu pararuguh

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke