Punten mairan.
Bisa jadi poligami ayeuna dilakukeun lantaran syahwat.
Tapi kulantaran "poligami" kaasup anu dihalalkeun,
ceuk kuring mah teu kudu diributkeun teuing, margi
"penyaluran" syahwatna jadi halal. Heug lamun teu
poligami, bisa jadi "penyaluran" syahwatna make jalan
anu diharamkeun ku agama. Tah nu kieu nu sakuduna
diributkeun mah, misalna boga pamajikan hiji syahwat
gede, rek nyandung teu wani da sok diributkeun, tuluy
salingkuh da nu kieu nu lumrahna. Ku kituna panginten
numawi Allah ngahalalkeun poligami teh.
Soal nyandung ka nu ngora, mungkin aya oge hikmahna
utamana pikeun si awewe eta, minimal ku dicandungna
minimal manehna moal jadi awewe bangor. Ieu oge hiji
jalan nyalametkeun kamaksiatan.
Tapi hal nu pang pentingna mah upayakeun cukup ku hiji
istri, dibarengan ku doa supaya urang dijauhkeun tina
salingkuh atawa nu sarupana, oge dijauhkeun tina moyok
batur nu tos ngawayuh, bisi urang isuk jaganing geto
katepaan panyakit hayang ngawayuh, bisa ribed.
Mangga/hayu urang terapkeun heulaanan ka diri urang
sorangan samemeh ka batur.
Punten bilih aya kecap nu nyugak atawa salah, margi
sim kuring rumasa lain ahlina.

Baktos
JT

--- AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Haturan baraya kusnet,
>    
>   Geus pirang-pirang abad simkuring ukur jadi tukang
> 'noong' ieu milis,
>   tapi ah euweuh salahna mun dina danget ieu
> simkuring ngaluarkeun
>   pamadegan pribadi. Sakali deui ieu mah estu
> pamadegan kuring 
>   sorangan.Ka nu geus ngabogaan pamajikan leuwih ti
> hiji, nya mangga teraskeun.
>   Doa ti kuring sing bisa ngahontal kulawarga
> sakinah. Kitu deui nu ngabogaan
>   cita-cita poligami. Who cares ? Emang gue pikirin
> ?
>   Ceuk kuring, kecap adil jeung nu bisa ngajalankeun
> adil dina soal poligami mah               iwal nabi
> jeung Allah. Manusa mana nu bisa adil dina soal ieu
> ? Sa umur-umur nyunyuhun hulu kuring can manggih
> (manusa) nu nyandung ka awewe nu leuwih kolot umurna
> batan
>   umur pamajikana nu ka hiji. Biasana mah (kabeh)
> pamajikana boh ka dua atawa
>   ka tilu teh nyaeta awewe nu leuwih 'seger' .
> Nyandung = ibadah ? Wadul badag !!!
>   Nu jelas mah poligami sarua jeung nganyenyeri hate
> awewe. Dosa hukumna !
>   Ngawangun masjid tah eta ibadah ngarana. Nyumbang
> duit ka  budak nu kolotna
>   teu boga biaya keur nyakolakeun budakna, tah eta
> ibadah ! Kitu deui ngawin randa
>   kolot nu loba anakna tur butuh biaya, tah eta
> ibadah.Kitu deui ngahajikeun batur . Wah pokona mah
> balatak lah jalan keur ibadah teh. Ngawin awewe
> ngora en fresh plus leuwih geulis batan nu ka-1 ka
> asup ibadah ? Nu kitu mah syahwat. Ceuk kuring ieu
> mah. 
>   Geus ah !
>    
>   Baktos
>   Misan .  
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke