ah teu tiasa kitu bah willy
abdi ge sunda
tapi abdi pan teu antipati kana nyandung



firman
buuurrrkompordiseungeutdeui :) :)

On 12/20/06, Agus K PAKUSARAKAN <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> bener pisan kang tantang kitu lah
> kuring ka asup nu satuju nyandung tapi kuring insya allah moal nyandung
> teuing ketang ari geus takdir mah
> nu pasti moal lah.... hiji oge ncan beak, tapi kuring moal ngambek kanu
> nyandung malah alus lah...
> asal bisa we.. kuring rumasa teu bisa.. boro2 keur nyandung nya' keur hirup
> tiluan oge seuseut
> heheheheh
>
> eh poho pan geus eureun nyandung tah kang tantang
> ayeuna mah urang nyandung pagawean we atuh..
> bagi proyek lah...
>
>
> On 12/19/06, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   Aya nasehat:
> > Mun ngomongkeun wae aa Gym komo bari "nyeuneu" mah, malah dosa;
> > tapi mun nurutan, can tangtu dosa. malah meunang ganjaran. hehe
> >
> > baktos
> >
> >
> > On 12/19/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > >   haha. gaya oge tah, lalaki sunda tukang nyandung. naon deui cenah?
> > > tukang
> > > korupsi teu? tukang mangga ngiringan, sareng sajabana. goreng jeung
> > > goreng
> > > we urang teh.
> > >
> > > ari perkawis loba istri sunda narikah ka seler sejen mah, nya tingali we
> > >
> > > demografi kota bandung. didaratangan ku urang mana mendi. utamana nu
> > > sarakola, boh ka itb, upi, unpad, itenas, bohlam. enya, cilok kitu lah.
> > > cinta lokasi tea heuheu. ongkoh istri sunda mah kawentar gareulis,
> > > kuning
> > > langsat tea, jeung sajabana. eta mah tos diconton ku mang Kusno baheula.
> > > Kusno teh landihan Ibu Inggit ka Sukarno, urang wetan nu sakola di
> > > bandung, da di surabaya mah nembe jaman merdeka aya Institut tukang
> > > seuri
> > > (ITS).
> > >
> > > ongkoh deuih, ayeuna ibu2 nuju sakit hati-broken heart-raheut manah ku
> > > ayana pujaan ruhani nyandunk.
> > >
> > > ari poligami mah basic instinct purba manusa salaku 'tatangga' sato.
> > > tadi
> > > mah rek nyebut manusa teh sato oge, ngan bisi dicararekan.
> > >
> > > mj
> > >
> > > http://geocities.com/mangjamal
> > >
> > > >> Pamajikan kuring geus 8 taun ngurus gedong di kantorna ( di Bandung)
> > > nu
> > > sok dipake resepsi kawinan. Nu matak kaget, salila 8 taun
> > > >> nguruskeun gedong, ampir 80% nu kawin, awewena urang Sunda, lalakina
> > > lain urang Sunda!. Kadang kuring sok nanya ka pamajikan, kunaon eta
> > > teh, awewe Sunda loba2 teuing kawin jeung etnik sejen. Jawab
> > > >> pamajikan teh sangeunahna, " Da urang Sunda mah beuki nyandung!",
> > > kawas
> > > salakina lain urang Sunda wae.
> > > >> Enya kitu, lalaki Sunda boga bakat jadi polygamer?
> > > >> Baktos,
> > > >> WALUYA
> > > >
> > >
> > >
> >
> >
> > --
> > tantan hermansah
> > www.tantanhermansah.co.nr
> >
> > "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
> > --siliwangi--
> >
> >
> >
>
>
>
> --
> ----------------------------------------------------------------------
> AGUS PAKUSARAKAN
> 08128377662
> www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
> ----------------------------------------------------------------------
> Koperias Amanah Sunda
> www.inkas.wordpress.com
> www.azzoman.wordpress.com
> www.azzoman.indonetwork.co.id
> www.indonetwork.co.id/azzoman
> ---------------------------------------------------------------------
> http://aguspakusarakan.blogspot.com/
> http://geocities.com/prabu_siliwangi
> http://geocities.com/lodaya_9
> http://siliwangi.blogs.friendster.com
>
>


-- 
-firman raharja-

Kirim email ke