Seratan anu menarik teh elly, sae teh ely, teteh tos ngagaduhan pamadegan dina
hal ieu.
Ayeuna mulai permainana:
Saha jalmi anu gaduh waktos sadinteun kersa maca hiji milist dugi ka dua jam
satengah ? Pastina jalma pangangguran, atanapi nu nuju stress, atuh oge jalmi
anu teu tiasa gaul langsung (direct conversation) , tangtos dina kelompok ieu
teh aya pensiunan, aya mahasiswa kuulen jsb.
>>>>>
Teu acan tangtos kitu sadayana, hartosna teu tiasa digeneralisasi /
disakompetdaunkeun. Naon margina tiasa wae memang salasawiosna damelna atanapi
profesina dina hal permilisan. Tiasa wae anjeuna tiasa ngahasilkeun cicis tina
info2 anu aya dina millis.
Abdi kirang sepemahaman sareng teteh yen anu sok mimilisan teh teu tiasa gaul
langsung/kuuleun. Naon margina, urang kudu sadar, yen urang hirup di dunya teh
pasti kapegat ku waktu oge geografis. Naha upamana abdi hoyong silaturahmi
sareng urang Papua, Arab, Inggris, sareng anu sanesna naha kedah lulumpatan
kaditu, pan teu kedah cekap panginten nganggo email /milis, langkung efiesien
waktos oge biaya. Oge terang nyalira panginten, yen gara-gara milis tiasa
KOPDAR, ngadamel komunitas anu langkung nyata di darat, tiasa ngayakeun
aktivitas sosial oge bisnis. Hal ieu teu tiasa dibantah deui.
Janten teu tiasa digeneralisasi kitu bae. Hirup di dunya pasti aya
pasanganana, aya positif aya negatif. Hal ieu teu tiasa disinglar tos
mangrupikeun hukum alam nu diciptakeun ku Alloh.
Ayeuna tinjau:
Kaum profesional, mangga hoyong kelompok mana nu didamel conto, pialang,
dokter, pengacara, rekayasawan, pilot. Candak we pengacara, misalna Rohut S. Si
abang Rohut tarifna US $ 400/jam (tiga juta enam ratus ribu rupiah/jam), upami
dua jam maca posting milist US, hartosna anjeuna ical artos kinten-kinten 7
juta/2jam/hari, upami sataun sami sareng 1,4 milyar (untuk 200 jam kerja yang
hilang), atuh pamarentah Indonesia oge ical artos 30% tina pajak Rohut. Upami
macana weungi, kanggo naon ? mending dianggo istirahat atanapi membina keluarga.
>>>>>>
Heu...heu....pan teu sadayana waktos dianggo kanggo damel panginten. he...he..
Kade teh urang kedah langkung taliti dina mukakeun hipotesa. Tiasa wae anjeuna
muka milis teh memang aya kaperyogian kanggo milari info atanapi ngdugikeun
info, kumaha tah upami kitu ? Atanapi memang kedah komunikasi via email/milis.
Kaum buruh, mangga kelompok mana anu bade dianggo conto, naha buruh anu didamel
dinagara nu disebat pagawe negri, atanapi buruh swasta. Candak we dua-duana.
Misal buruh swasta, anu pang hebatna misalna teh IKA, anu tisusut
tidungdungdung, buburuh nepi kasubuh, kuli nepi ka janari hanya untuk sesuap
nasi. Cobi candak waktosna 2,5 jam kanggo maca milist, sabaraha energi + artos
nu ical, mending dianggo istirahata atuh, pasti teh IKA teu tiasa maca milist,
upami dipaksakeun pasti ngajoprak. upami teh IKA tetep maksakeun, pasti mukana
sakainget curuk mencet nu mana, replyna oge asal jadi, kadang anu diserat tebih
sareng nu aya dina fikiran, antukna sabulang bentor.
>>>>>
Kanggo abdi nyalira, tetep muka email/milis dina kaayaan sadar, oge tiasa sabge
hiburan daripada amengan ka tempat dugem, langkung sae bermilis ria, tangtos
utek urang oge langkung ka asah.
Tah upami dina kaayaan cape, bujeng2 hoyong mukaan milis, nu hoyong teh
ngagoler dina kasur empuk dikeukeupan ku salimut kulit asli. heu....he.....
Misal buruh nagara, diantawisna guru, dosen, pagawe pemda, pagawe kecamatan.
Atosmah gajih leutik, waktosna 2,5 jam dipaksakeun maca milist, teu nalar
namina, saur pun bapamah teu nalipak maneh, mending oge dianggo mikir kumaha
tiasa usaha diluar sarengsena ngalaksanakeun tugas utama, kanggo nambih risiko
dapur. Upami maksakeun, contona kang Waluya guru fisika, atuh hasilna oge
upami nga reply pasti seueur lepatna, margi emutanana pagunyeng-gunyeng sareng
kumaha carana ngatur risiko dapur, artina daya nalarna katutupu ku kasusah,
atuh nya replyna oge sahabekna we duka kamana arahna, anu penting aya we, anu
penting kang Waluya posting, padahal sacara teu sadar kang engke nuju ngawulang
murid oge pikiranana kangganggu, dina pikran kang Waluya nuaya ngan "kumaha
carana ngareply Ely nu baong, nu calutak". Komo pangkat dosen mah moal aya anu
kersa ngaluangkeun waktos muka atanapi maca milist model kieu, upami aya tiasa
dipastikeun eta dosen nuju prustasi atanapi bade kehilangan
existensina, bahasa kerenamah menuju "Post power sindrom"
>>>>>>>
Punte teh elly (mun leres istri). Asa kirang logis argumen teh. mangga we ah
dianalisa ku nyalira perkawis teu logis henteuna mah.
Usahawan atau kelompok wiraswastawan, aduh akang nu karasep, teteh anu
gareulis, moal aya usahawan maksakeun muka milist, maranehnamah motona oge
"Time is money", kanggo naon muka milist nu jelas miceun artos, tukang cukur we
misalna dua jam maca milist hartosna jam 10000 rupiah ngalayang, hartosna 2
langganan kabur, komo deui usahawan tingkat Bakri atanapi Sudono Salim anu
sajamna tiasa menciptakan 2 milyar, naha kersa miceun waktos maca milist.
>>>>
Sami kirang logist, tiasa wae kanggo anjeuna milis oge tiasa jenten artos,
janten tiasa dibalik "time & milist is money", he.....he...
Penguasa, misalna direpresentasikeun ku lurah, camat, bupati, walikota,
gubernur jsb, aduh bakal ancur atuh pamarentahan upami penguasa menghabiskan
2,5 jam perhari kanggo mukaan e-mail di milist, bade kumaha ngatur pemerintahan
atuh. Malih kelompok nu kieu mah no HP na oge mung kanggo sababaraha jalmi,
untuk keluarga, untuk atasan, untuk bawahan langsung, untuk relasi.
>>>>>
Wah anu lers upami dianggo 2,5 jam kanggo bermilis pamarentah bade ancur, cobi
ilmiah na kumaha? buktos tos aya ?
Tapi Elly-mah resep gaul jeung sasama sunda teh, sababna karasa urang sunda mah
gede hampura, tara neuteuli, ngambek teh ngambek nyaah, janten upami ayena Ely
dibenduan ku sadaya anggauta milist teh Ely mah bungah, hartosna para warga
masih nyaah ka Ely.
>>>>
resep gaul teu langsung nya teh ? he...he...gaul teu langusng ngagaduhan
karakteristik anu unik. Mangga we ku urang raosan. Sagala rasa aya.
Tapi abdi sebagai urang sundateh ngaraos heran, kunaon dididik sieunan, jadi we
bodo, buktosna urang sunda bodo teh teu bisa milih pimpinan, buktosna hasilna
dimana-mana di tatar sunda seueur pimpinan hasil pilihan rakyat mun teu korupsi
eh kalakuanana ka arah dzolim. Padahal mun urang dididik pinter, engkena bisa
kritis, bisa wani nuduhkeun ka pimpinan yen tindakana salah, ari ayeunamah pan
heunteu !
>>>>>
Tah upami tos terang kitu, mangga atuh diperbaiki.
Tingkat kawani manu kadarna benten2 he....he....mangga bantosa ku teh elly
dianalisa perkawis tingkat kawani manusa.
Tah ayeunamah sebagai tantangan pertama, kumaha upami urang Galakeun/embarkeun/
iklankeun Yen nu kudu diajenan/dipieling ku urang sunda teh IBU DEWI SARTIKA,
urang ayakeun tiap tahun hari Dewi Sartika dengan meriah ..... sok deur ah.
>>>>>>>>
Teu kedah Dewi Sartika wungkul, anu sanesna oge anu ngagaduhan anu atos
memperjuangkeun kasundaan peryogi ku urang dipihormat sareng diajenan.
Deni Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Recent Activity
15
New Members
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Yahoo! Photos
Order at Yahoo!
Pick up at Target
Yahoo! Mail
Get on board
You're invited to try
the all-new Mail Beta.
Y! Messenger
Instant hello
Chat over IM with
group members.
.
__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com