James (Arthur) Baldwin dina caritana "Notes of a Native Son" nyaritakeun waktu 
dirina aya di hiji desa di Swiss, dirina teh sabenerna geus opat kali 
ngulampreng kadinya, geus jadi tamu anu dipikawanoh ku urang dinya sok sanajan 
tara silih tanya, urang dinya nyahoeun manehna tamu anu kaciri kulitna hideung 
lestreng jeung buukna galing murintil leutik asalna ti Amerika. Urang dinya 
percayaeun manehna ti Amerika sok sanajan meureun dina hatena mah nanya naha 
geuning urang Amerika teh bet kulitna hideung, apan nu hideung mah sakuduna ti 
Afrika. Urang dinya kalan kalan togmol nanya hal eta, jujur ari kituna mah.
Baldwin ngarasa eungeuh, geuning sajarah teh nyieun faksi-faksi, nyieun hiji 
rohangan ekslusif anu aya unsur ras jeung biologi. Teu paduli padahal dirina 
geus wanoh jeung tatanggana urang dinya, Baldwin ngarasa tetep aya diluar 
sajarahna jalma kulit bodas nu aya di eta kampung, tetep aya hahalang (sekat), 
manehna ngarasa aya atawa dianggap diluar sajarah budaya Eropa, nu kungsi 
ngajajah ka Afrika, nu kungsi aya "perbudakan".
"Nu pangbodona malah nu teu bisa maca ge diantara maranehna eta urang dinya 
tetep ngarasa aya hubungan jeung Dante, Shakespeare, atawa Michelangelo, Da 
Vinci,Rembrandt, Racine, anu bakal moal aya di diri kuring. Kathedral di kota 
Chartres siga nu mere nyaho ka maranehna, nu moal kadenge ku kuring. Kitu deui 
gedong Empire State New York, lamun tea mah diantara maranehna aya nu kungsi 
ningali. Ti mimiti lalaguan jeung tari terus mubus nepi ka Beethoven jeung 
Bach. Malikan deui ka mangsa katukang, sababaraha abad nu geus kaliwat mangsa 
maranehna keur jaya, keur nanjung, sedengkeun kuring keur aya di Afrika bari 
colohok ngajeueung nu daratang kalawan maksud rek nalukkeun".
Baldwin sadar tur siga nu teu walakaya dina nyanghareupan hal siga kieu, 
padahal inyana teh pangarang anu geus moyan anu hirup diantara taun 1924-1987, 
nu dilahirkeun jeung digedekeun di Harlem, New York City. Sajarah geus mere 
identitas ka dirina, sanajan hirup geus jauh tina waktu kajadian eta sajarah, 
pedah dirina boga kulit hideung jeung buuk galing muruntil. Padahal basa anu 
dipake ku Baldwin teh meleg meleg basa Inggris.
------------
Waktu kuring (kuring didieu nya kuring nu nulis ieu email) nohonan panitah 
dunungan supaya ulin ka Amerika dina taun 1991, basa keur dina kapal udara 
keneh mah asa can ngarasa nenggang ti batur da loba keneh "orang sebangsa dan 
setanahair", tapi barang nepi ka bandara di LA, mimiti pungak pinguk, ningali 
nu harelung jangkung, ningali nu mancung bengkung, ningali nu ngagayabag badag, 
naha bet jelema teh loba nu bule?. Ieu meureun Lenteng Agung pakulonan 
teh.....!!
Lantaran nepi teh geus peuting da Garuda mah biasa elat, nya kapaksa kudu 
meuting heula didinya, waktu bus kana taksi, kuring ditanya ku supir taksi teh 
majarkeun kuring ti Filifina, nya kuring ngaheueuhkeun yen kuring Filifino 
(teuing naon atuh alesanana bet kuring harita ngaku kitu), tapi enya didinya 
geus nyampak yen ciri ciri awak siga kuring ceuk pamikir eta supir taksi moal 
jauh ti urang Filifina. Sahenteuna identitas kuring geus dibaca.
Risiko kuring ngaku Filifino, meureun kuring kudu nyaho naon jeung kumaha ari 
urang Filifina, kitu deui lamun kuring ngaku urang Indonesia, saheunteuna 
kuring kudu nyaho Indonesia.
Isukna kuring miang deui make kapal udara nu leutik ka Santa Maria, rek ngajojo 
ka pausahaan nu nyieun alat komunikasi satelit nu geus make tehnologi TDMA 
(kuring diajar ngan ukur semet ka TDMA teu nepi ka CDMA, kaburu pindah 
pileumpangan tina ngurus murni teknis ka nu pagaliwota jeung jalma).
Di Santa Maria meunang tilu bulan, nepi ka kungsi wawuh jeung hiji awewe tukang 
jaga pom bensin nu ti Indonesia, gawena paruh waktu, barang kuring nyahoeun 
jolna ti Indonesia, na da teu era deui manehna menta roko keretek (identitas nu 
teu bisa dipopohokeun).
Maca dina buku panduan keur turis (ieu mah turis enyaan lain batur tiris), maca 
sajarahna kota, maca sajarahna gedong nu ngajegir gede, maca sajarahna urang 
dinya, kitu deui waktu kuring dahar di restoran Cina, biasa sanggeus dahar sok 
dibere kue garing nu kudu dipeupeuskeun dijerona aya tulisan dina salambar 
keretas, eusi tulisan biasana ramalan keur nu mukana (sanajan aya di Amerika 
jajauheun ti nagara Cina, ari identitas Cina nu resep kana jeung percaya kana 
sabangsaning ramalan mah tetep teu dipopohokeun).
Maca sajarah eta kota, nu dibangun geus puluhan taun, kalan kalan nanyakeun ka 
si Jagong ( kuring poho deui ngaranna ngan nu inget buukna semu beureum siga 
bulu jagong), kuring ukur unggut-unggutan, asa euweuh emosi nu marengan, teu 
kabawa palid dina lulurung waktu, euweuh geter nu sumarambah, sajarah eta kota 
aya dina sekat luar diri kuring, identitas diri kuring lain didinya ( duka 
teuing Abah Joe nu geus puluhan taun malah geus jadi warga NYC, naha kamana 
geterna,naha tetep ka Cicalengka atawa ka WTC)
Lain deui waktu kuring supaya ngadongeng kumaha sajarahna Bandung, tempat 
kantor pusat pausahaan kuring digawe, kuring naggorolang nyaritakeun legenda 
Sangkuriang, nyaritakeun kumaha heroikna waktu Bandung Lautan Api, nu 
kagambarkeun dina ingetan teh waktu tentara APRA ngabedilan jalma di 
sabudeureun JL Braga, pedah we kungsi maca, kungsi ningali komikna, kungsi 
ngadenge dongeng bapa.
Sajarah Bandung asa aya dina kongkolak mata, asa aya dina jero dada, eta 
sajarah kuring eta sajarah identitas kuring.
Si Jagong nanya sababaraha kecap basa Indonesia, alesanana mah bisi jadi ka 
Indonesia, kuring giak ngabejaan kecap kecap anu mideng dipake (basa Indonesia 
identitas kuring),  palebah kecap duit, kuring nyebut salah saurang nu ngajar, 
ngaranna Wang, urang Cina Kanada, wang hartina duit ngan ejaanana uang, na da 
eta mah si Jagong ngagakgak seuri...heueuh si eta mah beuki pisan kana duit 
cenah.
Pas poe Saptu, poe pere, isuk-isuk di buruan hareup perumahan, kuring make baju 
olah raga, niatna mah rek lulumpatan, katingali aya budak leutik lalaki 
kira-kira umur 4 taun, keur diuk dina korsi anu rada ngadayagdag, lucu budak 
teh, kasep, teu jauh tidinya aya bapana keur ngumbah mobil, lantaran 
kaliliwatan, kuring nanya ka budak..."keur naon jang....?", jawabna bari 
ngabelenyeh "catching the sun shine..", kuring unggut bari nyebut oh,...dina 
hate narjamahkeun euh..keur moyan meureun..., tah didinya kuring kakara sadar 
yen kuring mikir teh make basa Sunda (lamun Seno Gumira Ajidarma ceuk 
pangakuanana mikirna make basa Jawa, ).
------------------------
Dina novel Mang J, Louisiana Louisiana, waktu gunem catur Dedy satpam di 
Kedubes Indonesia di Denmark jeung Randy mahasiswa satengah playboy, aya kecap 
" ...dasar Indonesia..", kecap ti Randy ka Dedy nu teu ngaku seubeuh ari can 
ngadahar sangu, sanajan geus diteteg ku roti. Eta identitas budaya nu teu bisa 
leupas, sok sanajan geus lila di nagri deungeun nu jauh melamelu ti asalna.
------------------------
Kuring digawe teh lain bae di kota Bandung, di Bandung mah ukur sataun satengah 
tina masa kerja nu meh 31 taun, lolobana aya di luar Jawa, ti mimiti Pontianak 
Kalimantan, Jambi, Palembang di Sumatra, Fakfak di Papua, Mataram Lombok, 
Denpasar Bali, Ende Flores, Jakarta, Surabaya.
Dina waktu keur teu digawe sok babarengan jeung babaturan nu urang Makasar, 
ulin di sisi walungan Batang Hari, resep ningali gurilapna cahaya panonpoe nu 
nojo kana beungeut walungan nu ombakna nirilik leutik katebak angin, naha bet 
ingetan teh ka Walungan Cikidang nu aya di lembur kuring, inget keur nyeuseuh, 
inget keur mandi, inget keur ngala beunteur.
Waktu neng Aya (urut kabogoh urang Jambi, teu tulus jadi da kaburu direbut ku 
Camat), ngobrolkeun kumaha sajarahna pangna pasar di Jambi disebut Angso Duo. 
Waktu jang Umar Boiratan nyaritakeun kumaha sajarahna teluk anu jalan ka 
bandara disebut Tambaruni di Fakfak jeung waktu ngadongengkeun Raja Fatagar anu 
Islami, atawa waktu si Jang Moh Desa jeung Ambrosius nu rada bisa neluh batur 
di Ende, ngadongeng naon pangna Kelimutu warna caina aya tilu.
Eta kabeh dongeng, mitos, legende, sajarah, teu pati nyerep, ngan ukur nempel 
dina kulit luar, didinya aya basa basa nu asli basa urang dinya boh ngaran boh 
istilah. Euweuh deui keur kuring mah iwal ti nambah kanyaho, nambah kaweruh. 
Teu beda jeung Mikihiro Moriyama urang Jepang nu paseh basa Sunda, nu ngarti 
sajarah literer urang Sunda, nyahona lantaran kabutuhan dirina sacara akademis, 
lain intuisi nu nyeceb jero dina lulurung hate. Identitas kuring lain didinya 
lain dina dongeng dongeng batur, aya sekat, aya hahalang nu mindingan, sanajan 
kuring dihiji tempat teh rada lila aya nu nepi ka lima taun, sakeudeungna dua 
taun, KTP ge geus jadi urang dinya, tapi hate keukeuh resep maca buku basa 
Sunda, keukeuh resep ngadenge Cianjuran, keukeuh resep tari merak (lain pedah 
pamajikan bareto keur ngorana sok tari Sunda).Identitas nu dikeukeuweuk.
Ceuk Prof Kimani Njogu pupuhu CHIKITA-Kenya (via HW Setiawan Cupumanik 41 Nop 
06) "Merjoangkeun kalumangsungan hirupna basa daerah teh raket patalina jeung 
perjoangan nu leuwih jembar enggoning ngawujudkeun demokrasi, kaadilan, hak, 
kamerdekaan katut karaharjaan". Sajarah kasang tukangna pangna aya pernyataan 
kitu kulantaran dijajah ku bangsa Eropah nu meh ngaleungitkuen basa daerah
====================
Kuring digawe teh dina widang transmisi satelit, ngagugulung Stasiun Bumi meh 
salila 20 taun, ti taun 1975 nepi ka taun 1995, geus jadi kacapangan ari digawe 
dina widang teknis operasional mah, disebut gawe alus lamun urang ukur ngobrol, 
ngaroko, maca koran, maca buku, kalan kalan maen gapleh, pangna kitu disebut 
gawena alus kusabab sakabeh alat kaayaanana keur hirup kalawan luyu jeung 
spesifikasina, kabeh peralatan transmisi keur normal.kabeh normal,  up-link 
jeung down-link, ti mimiti antenna cassagrain-LNA-downlink 
equipment-multiplex-taillink nepi ka nyantolna di sentral telepon, kitu deui 
taillink-multiplex-uplink equipment-HPA-antenna (nu disebut teh masih FDMA 
keneh, tangtuna ayeuna mah geus ganti).
Sabalikna lamun aya karusakan, kudu pakepuk, buru buru nu ruksak diganti (buruk 
buruk papan jati nu korupsi buru buru ganti....ceuk kang MGT eta mah), diomean, 
teu nyaho diwayah, sanajan keur kerek tibra hukumna wajib dihudangkeun, sanajan 
keur bobogohan kabogoh wajib ditinggalkeun, tong boro ngaroko jeung maen 
gapleh, tong boro chating jeung macaan email dalah narik napas ge kalan kalan 
susah.
Jadi sah sah sajah anu ngiluan milis, anu silih kirim email, anu chating 
lantaran teu ngaganggu gawe, da gawena transmisi keur alus, keur normal tea.
Bener teu bisa disakompet daunkeun.
Kiriii mang.....(supir angkot ngartieun supaya eureun, jeung supir angkot 
ngartieun lamun aya nu nyebut kiri hartina meunang duit)


MSasmita
ruruntuk pagawe TELKOM





   



Kirim email ke