Assalamu'alaikum,

Ieu mah hoyong ganti judul wungkul da eusina mah sigana nyambung keneh jeung
nu tos aya.

Sim kuring teu patos aktif nyerat dina milist naon oge anu kungsi diiluan.
Maca postingan anu sanes oge teu patos rajin ku sabaraha hiji sabab:
1. Teu ngarti jeung embung ngarti kana bahasanana
2. Asa teu aya gunana
3. Panjang teuing
4. Haroream macana kusabab nu nulis teu "edun" gaya bahasana.

Ngan tulisan-tulisan anu ku kuring dianggap aya mangpaatna wungkul anu
bener-bener dibaca teh, malah sok di save sagala. Anu teu pati guna mah sok
saliwat we macana, tapi alhamdulillah najan saliwat oge ari saripati
tulisanamah kaharti (iwal ti e-mail nu asup ka nomer 1 diluhur tea).

Nepikeun ka ayeuna, najan leuwih ti hiji milist anu diiluan, asana mah
leuwih loba mangpaat nu karasa daripada mudaratna, pagawean oge beres kabeh,
duit oge jalan terus da lamun pagawean teu beres mah moal aya duitna atuh.
Lamun aya milist nu teu karasa mangpaatna kuring mah sok geuwat unsubcribe,
da sigana leuwih hade kitu daripada nyieun pucuk tigirang neangan musuh nu
teu katingali bari jeung nu ditakolna pepesan kosong.

Lamun oge cenah disebut jelema kuuleun jeung pangangguran anu ngiluan
milist, ah kajeun teuing, da kuring mah ngarasa aya gunana, dari pada
pangangguran terus ngagogoreng batur, kapan meureun ceuk jelema nu palinter
mah, "ngomong anu alus atawa jep jempe" atawa lamun dilarapkeun kana milist
mah meureun jadina teh nulis nu alus atawa cicing we.

Ah teuing ketang, tara biasa nulis panjang oge, cape jeung teu pati biasa
sok leungiten jejer pas ditengah-tengahna terus ngacapruk teu puguh. Intina
mah kuring ngarasa ngiluan milist urang sunda teh loba mangpaatna, loba elmu
pulunganeun ti papada. Da meureun lamun menta langsung ka jinisna mah rada
teu wani da teu wawuh tea. jadi daripada kuuleun euweuh kadaek, pangangguran
bengong di jalan, mending oge mukaan milist.

Salam,
Budyana

Kirim email ke