Wah, hebring kang Iwan euy, geus mraktekeun elmu "analisis isi"  tina
hiji informasi. Katoongnya cara batur mariksaan postingan di milist,
nya? :) Bener-bener lain pangangguran :)

Abdi satuju sareng Teh Ely, keur sasaoranganeun kuring. Enya, kuring
mah mukaan postingan atawa miluan milist teh pangangguran. Lamun aya
postingan anu narik ati keur dipairan nya dipairan, lamun henteu mah
dianggurkeun wae. Aya 3 milist anu kuring miluan kalayan aktif. Upama
dijumlahkeun jeung anu masang status digest mah nya aya wae kana 7
milist. Kalolobaana mah macaan postingan di milist teh ukur judulna
jeung sababaraha baris awal tulisan. Tegesna: loba anu dianggurkeun.
Jadi, sanajan miluan meh di 10 milist, tetep wae kuring mah jadi
"pangangguran" nepi ka tara merlukeun waktu 2 jam keur ngilo eusi
milist.

Balik deui kana soal "analisis isi". Aya kasauran ti Syaidina Ali kw
--sanes iklan ieu mah  da ari hikmah mah ceuk hadist ge kudu dicandak
timana wae oge - anu unina kurang leuwih kieu: "Upas (utusan) anjeun
bisa jadi ngawakilan anjeun pikeun nepikeun maksud anjeun, tapi eusi
surat anjeun eta leuwih seukeut dina ngebrehkeun pikiran jeung sikep
anjeun".

Boa-boa, kalimah ringkes tapi ngeusi ti Syaidina Ali kw bau dicutat di
luhur teh bisa jadi dasar-dasar elmu analisis isi dina widang
komunikasi nya? Apan eta geus diebrehkeun ti kl abad ka 7 M. Ah, bit
ketang. Teu wararantun teuing, bilih kaasup anu nuju iklan :).

baktosna,
manAR



On 12/21/06, Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Asa karunya euy ka teh Ely,
> Maca email tepi ka dua satengah jam, eta geura.. make jeung nyaruakeun,
> batur ge sakitu jam maca email..
> Cobi ngalih nganggo gmail geura teteh, atanapi ngiringan kejar paket-A pami
> palay tiasa ngebut macana..
>
>

Kirim email ke