Duka Dalem Sawidak nu mana nu nuju dibahas ieu, ngan asana di Tasik oge aya Dalem Sawidak, duka nami leresna, naha Wiratakusumah kitu? dipake ku komikus Gerdy WK.
nuhun ka kang Taji perkawis sawidak eta oge hartosna kana leuit 60 unit, sanes wungkul kana istri-anak nu 60. --- In [email protected], "Tajimalela" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Punten Bah testing sakatenan nambihan.. > > "..... "Dalem Sawidak". "Sawidak"......didieu lain gelar kahormatan, ngan > sindiran ka Dalem nu gaduh istri > seueur, tepi ka anakna sawidak (= genep puluh)" > > Saleresnamah gelar sawidak teh kanggo anjeuna lantaran anjeunna gaduh leuit > nepikeun ka genepuluh siki. Bisa kabayang wae upami sa leuitna sagede gudang > Bulog anu aya ayeuna...sabaraha lobannya,teu aneh nepikeun ayeuna makam > Dalem Sawidak sok rame nu sumping komo uggal bulan mulud mah......eta pan > ngalap berkah supados tiasa boga leuit leuwih ti 60 hahaha.....Di Sumedang > mah sami sareng Pangeran Sugih, kulantaran nganggo ngaran "Sugih", memang > basa harita, jaman anjeuna mimpin Sumedang, Sumedang janten kota anu maju, > disababkeun tos rengse didamelna jalan kereta pos ku Deandels sareng Eyang > Djamu Suryanagara, janten ceuk bahasa ayeuna mah lantaran infrastrukturna > sudah ok investor dararongkap ka Sumedang. > > Ceuk kuring, saupamina kuring Pangeran Sugih atanapi Dalem Sawidak,teras > ningali jelema anu sararumping dina makam kuring, niat rek menta, pasti jero > hate kuring kapikir kieu"....lamun maranehanana menta ka kuring......kuring > kudu menta kasaha deui ??????(bari bingung jero hate)...mun hasil, isuk > pageto datang deui mun heunteu sudi teuing nincak kadieu deui pikir > maranehanana...!!! lieur dasar preman...hahahahaha, tapi pikiran kieu mah > moal kedal mun nu sumping incu buyutna. > > Tos heula, nu ieu jeung sakieu wae komentarna. > > TM > > >

