Unggal dinten sateuacan mios ka kantor sok nga-sun heula pun biang. 
Pami he love teh, anjeuna sok nagih,"Aya nu poho nya? Naha teu 
nyium...?"
Tara tisasari tadi enjing dugi ka dua kali nga-sun anjeuna dipipina 
nu kemong...
Dipapay deui rarayna nu tos karinyed...
Tarangna nu tos ngariut...
Pananganna nu tos ngadegdeg...

Gerentes dina manah...

Mah...
Basa keur leutik... 
kuring ngaripuhkeun ku tanaga
Mangsa sakola...
kuring ngaripuhkeun ku biaya
Ayeuna geus dewasa...
masih keneh ngariweuhkeun ku pikiran...

Mah...
Hampura kuring can bisa mulang tarima...

Baraya, Wilujeng Poe Indung.

ro2
canjadiindung

--- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> mih,
> minggu hareup kuring mulang
> mawa incu jeung minantu anjeun
> 
> deudeuh..
> indung kuring di lembur
> 
> geus lila nahan kaera
> hayang ngagoler dina lahunan
> anjeun
> bari sirah diusapan
> siga harita
> 
> deudeuh
> indung kuring di lembur
> neda pangampura
> si cikal nu bedegong tea
> 
> -----
> wilujeng poe indung, 22 desember 2006
> -- 
> geocities.com/mangjamal
>


Kirim email ke