Abdi ti Kawali, anu aya astana gede tea. Pasna mah ti Desa Lumbung, Kacamatan Lumbung (kapungkur kalebet kacamatan Kawali), Kabupaten Ciamis, 5 km ti ibukota Kawali. Muhun tah, seratan-seratan Bp Ahmad Bakri alm abdi resep pisan.
Abdi oge sapuk, nami "Ciamis" kedah digentos ku nami "Galuh". Teu aya historisna nami Ciamis mah, kajaba sajarah bangsa urang ditandasa ku pangjajah, tug nepi ka anu keur rodi ngabebenah kota manggihan cai herang anu amis diabadikeun jadi ngaran eta wewengkon pamarentahan. Ka baraya ti wewengkon sanes, hapunten, abdi mairanieu jejer teu aya maksad ka-superlokalan. Teu aya sanes, tawis nineung wae ka lemah cai geusan ngajadi, sarakan banjar karang pamidangan. Mugia malati lingsir ku wanci, campaka ligar na mangsa, Urang Sunda kum sadayana ti sakuliah wewengkon Tatar Sunda pacangkreud pageuh, ngahiji sapapait samamanis, kagirang jadi sungapan, kahilir ngajadi leuwi pikeun salawasna nyorang tatapa brata pakena gawe rahayu pakeun heubeul jaya di bhuana. Rampes. baktos, manAR On 12/22/06, yayat cipasang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Har, geuning seueur urang Ciamis di milis urangsunda. Abdi urang Rancah, tempat lahir pangarang Sunda anu kakoncara almarhum Bapak Ahmad Bakri. Abdi oge hoyong jadi pangarang sohor. Tapi teu leukeun gampang putus asa. Sakali-kali mah masih nulis artikel. Sapertos warga Ciamis sanesna Abdi oge hayang ngabangun lemah cai teh. Malah hayang boga studio kreatif di kampung pikeun nampung aktifitas warga muda khususnya di Rancah. Tapi karek ngimpi jigana. Salam Yayat R Cipasang http://yayat-cipasang.blogspot.com *Narayana Adipranata <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: Nepangkeun ah sim kuring oge ti Ciamisw. enya pisan eta teh teu dimana teu dimana, ngan sok inget wae ka Ciamis. mani betah mun geus di ciamis teh.mun teu inget kana kawajiban kudu gawe mah asana teh teu hayang balik deui ka lembur batur... --- wawan darmawan <[EMAIL PROTECTED] <wwdarmawan%40yahoo.co.id>> wrote: > UPAMI HOYONG NGAROJONG KANA PANGWANGUNAN HAYU URANG > KEPUNG ETA BEURIT BEURIT... NA. NU GEUS > BARUTIKEUK...!!!!! > TRIMS > > > Yuliadi <[EMAIL PROTECTED] <yuliadi%40pttitan.com>> menulis: > asyik euy > simkuring oge ti ciamis > heuheu > -----Original Message----- > From: dide sunda [mailto:[EMAIL PROTECTED] <didesunda%40yahoo.com>] > Sent: Friday, November 17, 2006 8:28 AM > To: [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com> > Subject: [Urang Sunda] Ciamis manis manjing digebrag > > > Mang jamal, kang budhi, teh evi, tur baraya > sadaya! > Haha, geuning euyeub oge nya urang Ciamis teh > (Moal kitu engke mah ngadamel millis urang-ciamis > mah? hehe). Kuring padumukan mah di Cimari Cikoneng > mung getih mah ti Panumbangan. Kumargi kuring nyaah > ka lemah cai (atawa teu betah di lembur batur? duka > tah) nya ayeuna ge teu dimana teu dimana, alias > tetep betah di ciamis. Kitu tah! > Cikan urang gebrag atuh Ciamis teh ku urang-urang. > Salami nyunyuhun hulu, pangwangunan ciamis teh asa > cicing wae. Kumaha carana nya? > > > > > --------------------------------- > Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail > beta. > > > > > > __________________________________________________ > Apakah Anda Yahoo!? > Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki > perlindungan terbaik terhadap spam > http://id.mail.yahoo.com __________________________________________________ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

