--- In [email protected], "Ambu Bagja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> --- In [email protected], "rosma_ilyas" <Roro.Rohmah@> 
wrote:

> Geus tepi Cicaheum, Jay naek kana
> beus Mios nu ka Garutkeun. Duit dina sakuna kencring kabeh, diitung
> aya kana Rp. 10.000. Mahi saongkoseun ka Garut, hate Jay bungah. Na
> pikiran, di Garut manehna rek menta duit ka akina, ladang ngajual
> domba keur ngawarnet deui ngekeak warga kusnet.
> 
> ~ipup~
>

Nepi ka pintu toll, beus teh eureun. Mani lila. Ngadon ngetem. Bubuhan 
nu numpak eta beus teh ngan opatan -- kaasup supir jeung dua kenek. 
Atuh, keur si Jay mah eta teh kasempetan. Jrut manehna turun. Leumpang 
ngadeukeutan tukang tahu jeung tukang cendol nu naragog di lebah 
dinya. Der Jay muka lapak: Ngadon ngamen sabisa-bisa. Modal ramo, 
plastik rawing urut wadah permen, jeung heot. Enya heot. Da, nyanyi 
baleg mah jajauheun tina bisa. Mun bisa ge, tangtuna, moal ngamen sisi 
jalan. "Huhuhu...hhuuu...huuhuu..huuu...huuuuuuuu...," ceuk si Jay, 
dina wirahma lagu SMS.
 
 


Kirim email ke