Assalamu'alaikum bagea kang eli?
leres pisan. di kusnet mah seueur pangangguran sareng bungangguran. tapi ... "multi tasking". he he. /* meh rada gaya lah saeutik */ simkuring salah sahiji pangangguran multi tasking. simkuring nanaonan wae nya 2,5 jam? "didamel di kantor, bari ngerjakeun tugas-tugas kuliah, bari browsing, bari chatting, bari macaan ratusan e-mail, bari macaan & posting di babaraha milis, bari macaan & posting di babaraha porum, bari ngopi, bari ngudud, bari nyetel musik, bari sok ririweuhan kaditu kadieu, jsb (poho deui. maklum, pangangguran. loba teuing bari.)" /* teu kabayang euy uing mah ningali member kusnet nu lainna nu jauh leuwih nganggur. pasti bari-na loba pisan. teuing pangkat sabaraha. */ untungna: "simkuring teu nuju stress, masih tiasa gaul langsung, teu kuuleun di kampus, masih tiasa putsal, (ti milis kusnet) tiasa diajar deui basa sunda, teu ngajadikeun artos janten niat & tujuan nganggur, jsb (loba teuing untungna, jadi poho deui)" anggap weh totalna 4 jam lah. geus puguh hirup simkuring teh ripuh pisan, untungna (deui) ... simkuring teu kudu mayar 20 rebu ka operator warnet. he he.

