Nuluykuen hanca nu katukang
  Mangga geura leunyeupan bari urang ngaji diri sorangan naha geus bener jeng 
papagon agama atawa jauh mempang tina agami nu ku uurang diagem
  Tipayun nembe dugi ka Qur’an Surah Al-Baqarah Ayat ka 6 ayeuna urang guar 
nusalajeungna.
    Qur’an Surah Al-Baqarah Ayat ka 7
    Khatamallaahu ‘alaa quluubihim wa ‘alaa sam’ihim wa ‘alaa ab-shaarihim 
ghisyaawatuwwa lahum ‘adzaabun ‘azhiim
    Hartina : 
  Allah ngonci hate jeung pangdengena, oge matana dipeungpeunan;  nya pikeun 
mareanehna adzab anu beurat kacida
    Tafsirna : 
  Lamun dielingan tetep mungkir, dipapatahan kalahka ngabantah, rupa-rupa 
kila-kila alamiah nu nuduhkeun ayana galagat kiamat saperti lini, banjir, 
kahuruan, taneuh urug, gunung bitu jeung pirang-pirang bancang pakewuh nu 
rarongkah henteu ditolih, nya ari enggeus embung-embung teuing digeuing atawa 
teuhayang dipikanyaah dipikadeudeuh mah, sakalian hate jeung ceulina dikonci 
mati ku Allah Swt. Jeung matana dipeungpeunan sapageuh-pageuhna. Pek rek kumaha 
bae ayeuna mah, rek mamprung hirup ngaberung ngalajur napsu ngumbar kahayang, 
tunggul diparud catang dirumpak, keur mantenna mah saeutik ge moal matak 
kaciwit kulit kabawa daging. Teu, Allah mah teu bakal rugi saeutik-eutik acan.
  Rek ngabadaus mawa karep sorangan kuma karep teuing, tapi engke dialam 
akherat ulah sambat kaniaya, ulah majar diteungteuinganan, pasti bakal 
nandangan tunggara nu beurat tanya papadana, disiksa dina naraka salalawasna. 
Ninggang di nu nyakrawati bahu denda saperti Fir’aun jeung Namrud, lamun hate 
geus dikonci pasti bakal dolim sawenang-wenang ngagulanggaper kaom dhu’afaa, 
moal aya rasrasan nganiaya jalma-jalma nu geus teu walakaya. Cacah kuricakan 
pating jarerit kalaparan moal kadengeeun da ceulina geus di cocokan. Nu pating 
laloher langlayeuseun moal kadeuleueun da matana geus dipengpeunan.
    Qur’an Surah AL-Baqarah Ayat ka 8
    Wa minannaasi mayyaquulu aamannaa billaahi wa bil-yaumil-aakhiri wamaa hum 
bimu’miniin
    Hartina :
  Di antara manusia aya nu ngaromong; “Kami percaya ka Allah jeung kana poe 
aherat,” padahal manehna the lain jalma-jalma nu ariman
    Tafsirna :
  Dawuhan Gusti Allah dina ayat ieu pikeun ngelingan urang supaya awas tur 
waspada sabab di antara babaturan urang nu sagulung-sagalang the aya nu 
mindingan beungeut ku saweuy, api-pai mikanyaah mikaasih padahal sirik pidik 
belang bayah, api-api iman padahal kafir nye eta munafik tea.
  Diturunkeunana ayat ieu the aya patula-patalina jeung tingkahlaku dedengkot 
munafikin urang Yahudi nya eta Abudllah bin Ubay. Siga nu enya harita teh 
manehna nyampeurkeun semu rengkuh sirikna teu dedepaan siga nu isin baru uluk 
salam jeung sasalaman ka Abu Bakar, Umar Jeung Ali. Nyarita galecok bari pigeuy 
siga nu enya-enya gumbira terus ngobral puja jeung puji ka nu tiluan ku 
ngedalkeun ucapan nu meunang ngaraeh saperti panghulu Bani Haysim, 
Syaikhul-Islam, al-Faruq, hartawan nu dermawan, jeung rea-rea deui. Memeh undur 
teu poho andum salamet heula.
  Allah nu maha uningan kana uteuk tongo walang taga, boh nu nembrak boh nu 
nyumput di jero gunung batu atawa nu nyelepet dina liang cocopet, nimbalan 
Malaikat Jibril supaya nepikeun ayat 8 ieu ka Rasulullah saw. Sangkan awas tur 
waspada.
  Jaman harita mah kaum munafikin di Madinah teh kakarek saeutik teu loba 
kabina-bina saperti ayeuna. Tapi sabuni-buni tarasi teu burung kacingcirihi, 
geura upama kaum Muslimin bentrok jeung kaom kafirin, da’ sok di kekeyek ku nu 
katepena islam teh angger kaom Muslimin. Breh kaciri cerongna. Loba nu 
ngakukeun Islam tapi teu wawuh kana huruf al-Qur’an, ditanya naon hartina wahyu 
ngabigeug, komo ari kana hadist mah siga anu anti, ngimpi ge meureun diangir 
mandi da buktina aya golongan inkarusunnah. Katepena mah bener Islam tapi lamun 
 kumpul jeung batur salembur nu recok dialeohkeun the taya lian iwal ti 
paririmbon, ari nu sok diguliksek ku urang dayeuh nu geus kabarat-baratan lain 
al-Qur’an tapi buku-buku falsafah karya Plato, Aristoteles, Socrates jeung 
saparakanca.
  Dihiji RW ummat Islam nu geus mukalaf nurutkeun sensus aya kana 500 urangna, 
tapi nu sok ka masjid mah beunang di itung dina curuk. Di kampung kitu di 
dayeuh kitu, malah dina shalat subuh mah kadang-kadang aya imam tanpa ma’mum.
  Diantara kaom munafikin the aya nu hianat, beungeutna nyanghareup ati 
mungkir, pura-pura mikacingta Islam, saperti nu disinyalir dina Hadist Riwayat 
Bukhari jeung Muslim. Dina hiji poe para shahabat Hudzaifah ngayakeun gunem 
catur jeung Rasulullah. Salah saurang ti shahabat aya nu nyarita kurang leuwih 
saperti kieu “Ya Rasulullah, sayaktosna abdi sadaya kapungkur nalika masih 
jahiliyah hirup tagiwur dina karusuhan nu taya kendatna, lajeung Allah maparin 
kasaean nakdirkeun abdi sadaya jadi umat Islam; hirup tengtrem sabilulungan, 
naha saparantos kasaean ieu teh bakal timbul deui kakacauan?’ diwaler ku 
anjeuna; “Bener bakal aya”
  Shahabat teh nanya deui; “Naha saparantos kakacowan teh bakal aya deui 
kasaean?” Saur Rasulullah; “Enya bakal datang deui kahadean tapi bakal kacampur 
ku dakhanun.” Ceuk nu nanya; “ Naon dakhanun teh, ya Rasulullah? “ Anjeuna 
ngawaler; “Jalma-jalma nu mere pituduh lain pituduh kuring (dina riwayat nu 
sejen; Jalma-jalma nu ngagunakeun cara-cara lain tisunnah kuring) jeung nurut 
kana pituduh salian ti pituduh kuring, ku maraneh kanyahoan jeung kudu 
disingkahan. Shahabat nanya deui; “Naha saparantos kasaean the aya deui 
kawaonan? “ Di waler ku Rasulullah; “Aya tukang da’wah dina bangbarung 
sababaraha panto jahanam. Jeung sing saha nu nurut kana uar pangajakna, 
tanwande manehna di keceburkeun kana naraka.”
  Shahabat nanya deui: “Ya Rasulullah, mugi diterangkeun sifat-sifat maranehna 
teh ka abdi sadaya.” Saur anjeuna; “Dhahirna mah maranehna teh sarua jeung 
urang pada pada Islam, nyaritakeun aya-ayat al-Qur’an jeung Hadist.”
  Ceuk shahabat: “ Abdi sadaya kedah kumaha upami papendak sareng nu kawas 
kitu?” Waler Rasulullah: “Hidep sararea ulah kaluar tina jamaah kaom Muslimin 
jeung imamna.” Ceuk shahabat: “Kumaha upami teu aya maranehna? “ Saur Anjeuna: 
“Jauhan kumaraneh Sakumna golongan eta, sanajan hidep sararea sangsara nepi ka 
ngadahar akar-akaran. Nepi ka maot ulah rek biluk ka para da’I nu aya dina 
bangbarung sakabeh pantona.”
    Sakitu heula Isuk pageto urang lajeungkeun deui kana aya nu ka 9
  

---------------------------------------------------------------------- 
AGUS PAKUSARAKAN 
+62 81283 776 62 
http://www.hr-uwj.com  
---------------------------------------------------------------------- 
http://aguspakusarakan.blogspot.com/ 
http://geocities.com/prabu_siliwangi 
http://geocities.com/lodaya_9 
http://azzoman.indonetwork.co.id/  
http://siliwangi.blogs.friendster.com 
http://inkas.wordpress.com
 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke