Alaikum salam,- mangga dihaturanan, saena diteraskeun nya nepangkeunanan
kalawan lengkep; sapertos linggihna di mana, nuju ngumbara atanapi nuju di
padumukan anu biasa, ngadamelna di bidang naon, atanapi nuju teu cepeng damel,
karesep/hobbyna, srrd. Hatur nuhun sateuacana. Aki oge kapungkur kitu, malih
ngalebetan buku tamu anu lengkep kitu. Sanes naon-naon, mung kalintang saena,
urang gaduh data urang sunda anu lengkep, iraha-iraha pasti aya mangpaatna,
insya Alloh. Wasalam wilujeng tepang.
Yura Kalfataru Iskandar <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assalamualaikum...
nepangkeun pribados, bade ngiringan silaturahmi wae di ieu milis
sasama urang sunda...
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com