Ari Elmuna Nyandung teh aya 5 rupa. 
Kahiji - kudu Murugul
Kadua  - kudu Mantangul
Katilu - kudu Ngarahul
Kaopat - kudu Ngajentul, ditambahan kunu ...
Kalima - kudu Ngabedul.

Tah.... eta geuning elmuna nyandung teh. Kuring sok inget we caritaan
di luhur ieu tina kaset baheula, dina lalakon / judul "Elmu Nyandung"
garapan dalang / tk dongeng: JAMAR MEDIA, tahun 1970/1980-an.

Anu eusina mah kurang leuwih nyaritakeun, yen lalaki bisana nyandung
teh  kusabab ngamalkeun elmu-elmu siga ditataan di luhur eta.
Mantangul - hartina mawa karep dewek/bedegong; Ngarahul - ngabohong
(ka istri-1); Ngajentul - "(aksi diam)" lamun ditalek wae ku istri-1;
Ngabedul - cara oray bedul (luar-leor wae caritana/bulat-beulit hese
dicekel omongna. Jeung Murugul - teuing tah... poho deui kuring kana
hartina. Naon nya cik hartina MURUGUL ?

Cindekna, ari jalma nyandung teh lamun ditilik tina elmuna di luhur,
inti-intina mah pihak lalaki (suami) kudu ngalakukeun sarupaning
tarekah "reka perdaya" ka istri kahijina, sarupaning: Ngabohong, Nipu,
Api-api (pura-pura), Bulat-beulit nyarita (loba ekol) jrrd.

Leuwih jelas deui, tangtuna elmu nyandung di luhur eta mah jauh pisan
tina bagbagan ajaran agama.
Kahade ulah digunakeun ! 
Kuring sorangan lain tukang nyandung !!!!)
Eta mah ... mangga we LENYEPANEUN !
He ...he...he...

Wassalam,



Kirim email ke