Jigana baraya sadayana nu kedah ngahaturkeun nuhun ka Mang J nu parantos kersa
nyayogikeun waktos oge angkag-ingkig ngurus YP. Kuring utamana teu bisa nanaon,
teu bisa mantuan.
Wilujeng Mang J.
Baktos,
-ika-
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
tadi tos dikintun kana email pangulinan, tapi teu dugi2 nya. bilih
bisi macet di jalan, dikintun deui kana gmail.
------------
Yayasan Perceka
Laporan Tungtung Taun
Baraya saalam dunya, neda waktos kanggo ngalaporkeun uget Yayasan Perceka
dina taun 2006. uget yp sapertos nu parantos kauninga, kunu paduli
utamana, nyaeta:
1. Nu kaetang rada mayeng teh Program Pabukon Simpay Katresna, dugi ka
danget ieu, tos aya 31 tempat. Data tiasa di toong di
yp.urang-sunda.or.id/psk.htm atanapi di yahoogroups.com/group/urangsunda,
file
2. Dana sesa tujuh jutaan.
file pabukon sareng kencleng desember ditangkodkeun.
3. Program KRS, kampanyeu reueus sunda (basa gaya pikeun nyieun kaos che
voth jeung Haling Ku Aing tea, tos mayeng oge. mudah2an aya urang kusnet
utamana nu di bdg-da bdg pabrik kaos- nu tiasa neraskeun program ieu margi
si andiw sigana semester payun bade tugas akhir.
4. program beasiswa simpay katresna samentawis teu acan diteraskeun.
5. program ngaleler pangajen kanggo inohong kasundaan, kersana apih Siddik
sareng Ua Sasmita oge nu sanesna alhamdulillah tiasa kalaksana taun ieu.
tiasa masihan pangajen ka opat urang kuncen sareng inohong kasenian
langka.
6. boh bilih cara si kuring ngurus atawa ngahiap kirang katampi kana manah
saderek sadaya, neda pangapunten ka sadaya.
si kuring da ngan seksi ingkig, janten nyuhunekun rido galih bade
nganuhunkeun ka para wargi:
Ua Sasmita-Bandung
Apih Sidik - KBRI Seoul Korkid
Ua Djatnika S. Puradinata - Jakarta
Kang Dhany Drajat - Riau
Kang Hary Bowie Wibowo - BI Jakarta
Kang Mamat Rachmat- Telkom Japati Bandung
Teh Ika Mardiah - Bappeda Jabar, Bandung
Kang Dede Mardiana-Lemlit Unpad Bandung
Teh Roro Rohmah-Sidola Bandung
Kang Oman Abdurrachman Geologi Bandung
Irpan Rispandi Jakarta Garut
Runa Irawan-Bogor Tasik
Kang Soni Rosyan-telkom Bandung Ciamis
Kangguru Deny Suwarja - Cibatu Garut
Teh Lies Parish, Essex Inggris
Teh Netty, Texas Amrik
Rezza Krisdian-Jakarta Tasik
Kang Budyana Yogaswara Balikpapan
Kang Suteja Amijaya Cikarang Bekasi
Kang Buyung tukang kapal di Batam
Kang Ahmad Toha, duka dimana, Jakarta nya.
kum sadayana, punten nu teu kaabsen ulah pundunk
nu parantos kersa ngiring dina program ieu, boh ku cara ngintun kencleng
rutin, kakapeungan (temporer) boh nu nyumbang tanaga, milari tempat sareng
nganteurkeun buku, oge nu sambung du'ana.
Hayu urang teraskeun program nu urang bisa, taun payun.
Sakitu nu kapihatur
Pupuhu nu nurustunjung udud turunan gunungcupu
--
geocities.com/mangjamal
KENCLENG desember taun
2006 NO KATERANGAN ASUP KALUAR JUMLAH Catetan 1 Sesa November
2006 7,927,897 2 Apih Siddik (Seoul Korkid) 4,000,000
kanggo hadiah ka kuncen 3 Hadiah ka 4 kuncen @ Rp.1.000.000 4,000,000
dipasrahkeun di HBH 1427H Cibatu 4 balanja buku 500,000 kanggo
pabukon Bungbulang Garut 5 Dhany (riau) 50,000 kencleng 6 Ua
Djatnika (jkt) 100,000 kencleng 7 balanja buku 500,000
kanggo pabukon Bungbulang 8 Budyana Yogaswara 50,000 kencleng 9
NN 10,000 kencleng 10 balanja buku ti togamas 850,000
kanggo pabukon Bungbulang 11 Apih Siddik (Seoul Korkid) 897,680
kencleng 12 balanja buku basa Sunda 300,000 kanggo pabukon
Bungbulang 13 balanja buku ti ultimus 400,000 kanggo pabukon
Bungbulang 14 Ua Sasmita 200,000 kencleng
5,307,680 6,550,000 6,685,577 Rekening YP (a.n. Jamaludin)
BCA DAGO BANDUNG 777 0265 473 BNI ITB BANDUNG 002 808
6964
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com