dear,

Punteun baraya ... ceuk ceunah... tahun hareup teh bakal gede2an razia software 
teh.. kusabab dipadamelan sikuring tos aya wanti2 ti polda... ceunah kudu 
digusur software bajakan teh... 

tah solusi na tos ku kuring ditemukeun... mun rek make linux.. tos aya distro 
linux nu gampil sareng haratis...  mun teu tiasa make linux.. da urang nyieun 
hiji network nu make system Thin Client tapi na system OS client teh tetep 
we.... make linux ngan dibere koneksi ka server XP tah.. meh ringan lah biaya 
na teh... 

iyeu mah sakadar pemberitahuan wae.. ... meh urang salamet.. mangga ti ayeuna 
urang migrasi... hehehe alah lobaan teuing bahasa elit na.. kumaha basa sundana 
teh..?? hehehe 

sikuring milih OS na make LINUX PINUX rakitan barudak semarang..( iraha urang 
bandungna euy..??) kusabab tampilan sareng settinganana tos XP pisan... 
hanjakal can terang mun rek di jieun janten server stand alone atawa saeutikna 
share koneksi internet dina LINUX ... aya nu terang..???

pang alungkuen tutor na atuh... hanjakal mun linux  bangsa urang mah jarang nu 
ngaguar sacara detil jeung lengkep... siga na mah dikomersilkeun dijieun 
buku.... kudu meser saharga 10 liter beas... :) mending milih beas lah.../.. :) 
aya nu tos terang nyieun sharing internet connection dina LINUX mangga atuh 
urang pinter babarengan... geser ketergantungan ka Kaum LIBERALIS 
KOMERSIALIS... 


Linux Yes ...Windows u`Wis ...!!!

Kirim email ke