Rampeesssssssss.......! haturan kang Friman, wilujeng sumping di lembur babakan Kusnet nepangkeun sim abdi (bari sasalaman) Boim bin Iim kawit ti Sumedang-Bandung, ayeuna nuju di Bandung oge. mangga dilajeng tong isin-isin sok bilih bade ngadongeng atanapi ngawadul mangga teh teuing nu penting aya manfaatna kanggo urang sadaya.
cag...ah, nuhun. "kkbm'69" #kuncen-7# On 12/26/06, firmanjul <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun, simpuring seja nepangkeun mugia katampi kalawan wening galih Wasta: Firman Juliansyah Yuswa: 32 taun Diboborkeun di Wewengkon Cipari, Wanaraja, Garut Status: Nikah nembe kenging hiji putra pameget yuswana 7 sasih sakola pamungkas di sastra prancis unpad linggih di jalan kancra II No &ab, Buah Batu Bandung Didamel di kopo di hiji perusahaan ekspor impor Karesep: nongton, ngojay, maca, nyanyabaan Maksad gabung: hoyong nambihan baraya, nambihan pangaweruh, khususna dina kasundaan. Bilih aya nu bade gunem catur sareng simkuring, mangga... Bilih aya nu kagungan akun di Friendster, mangga tinggal simkuring di [EMAIL PROTECTED] <firmanjul%40yahoo.com> Sakieu Heula, Hatur Nuhun...

