assalamu'alaikum,
ieu kang rumpaka. upami sakedik lepat rumpaka hapunten
Budak ceurik
maklum anu
maklum anu jadi indung
boga anak ngan sahiji
pokna bari cuma lima
semu ngenes
semu ngenes melas melis
ibu mana ari bapa
abdi mah hayan patepang aduuuuh
masing emut ujang kasep kawiwitan
moal angeur jadi mulya
tanpa pangdua ti bapa
masing emut nyai geulis kawiwitan
moal angeur jadi nanjung duuh
tanpa pangtur geuning
jawab anu jadi indung
ema mirah buah ati
ujang mah teu gaduh bapa
walona piraku deui
wassalam,
Ayub Subandi
On Tue, 26 Dec 2006, Reka Gayantika wrote:
> eta mah budak leutik atuh bah...
> puguhan teu apal eusina kumaha.... ngan aya sepuh sim kuring anu milarian
> pisan lagu eta. anjeunna tos milarian kaditu kadieu can mendakan keneh
> cenah.
>
> -Bohay-
>
> On 12/26/06, aqis fairuz <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Budak ceurik bisa ngapung
> > babaku ngapungna peuting
> > kalayang kakalayangan
> > neangan nu amis amis.
> >
> > nu kitu sanes kang reka...?
> >
> > *Reka Gayantika <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
> >
> > Sampurasun baraya...
> >
> > hapunten,,, bade tumaros, aya anu gaduh lagu "Budak Ceurik" anu di
> > populerkeun ku Euis Komariah???
> > Abdi tos kokoreh dina Multiply Apih siddik, dinu Ki Adi oge tinu sanesna
> > teu acan mendak keneh.
> > sim kuring nyuhungkeun tulung, pami aya anu gaduh, cik alungkeun ka abdi.
> > via japri sajaaahh...
> >
> > Hatur Nuhun sateuacanna...
> >
> > -Bohay-
> >
> >
> > __________________________________________________
> > Do You Yahoo!?
> > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> > http://mail.yahoo.com
> >
> >
> >
>