Kamari ieu, basa Perayaan Natal di Konsulat, sim kuring panggih jeung
batur heubeul ti Bandung. Ari panggih teh aya kumpul-kumpul di
Konsulat. Batur sim kuring teh ngaranan si A Boen urang jalan Kopo.
Akew, tapi da teu ngarasa Akew. Ngarasana manehna teh pituin Urang
Sunda. Da cenah geus aya kana 4 turunan jadi urang Bandung. Nya kitu
we kabiasaana manehna ari pok teh :
" Joe ari maneh ti Bandung ?" "Sakola jeung gede di Bandung,
ari asal mah ti Cicalengka." ceuk sim kuring teh. Manehna nanya deui:"
Ari di Cicalengkana di kotana atawa di Desa" " DI Desa Narawita",
Aki kuring Lurah Desa Narawita" ceuk sim kuring.
Pok deui manehna teh :" Atuh kitu mah silaing urang kampung, nya.
Kuring mah asli Bandung euy. Aki kuring, jeung akina Aki kuring lahir
di Bandung. Jadi urang mah urang Kota " terus manehna nyorocos deui :"
Mun kaluarga uing lain Cina mah boa Aki uing atawa Bapa uing bisa jadi
Bupati " Terus pok deui: " Pan Aki kuring babaturan Wali Nagara basa
keur budakna. Sarua we jiga urang. Ulin bareng kamana-mana " Bari seuri
ngakak.
Nya sim kuring ngan ukur nyerengeh we da bener pok-pokana teh. Nya
ngawadul ngaler ngidul, ti mimiti nepi ka anggeus ngobrol make basa
Sunda, teu daekeun manehna ngobrol make basa Nasional.
Sim kuring mikir, bari angguk-anggukan da si A Boen nyorocos teu
uereun-uereun. " "Wah resep panggih jeung maneh teh, uing mah"
pokna teh. bari terus deui disada:" Asa di Bandung, ngobrol ngeunah
make basa Sunda, komo mun aya colenak mah nya Joe"
"Heueuh Boen, kuring oge ngeunah hate yeuh" Terus sim kuring nanya : "
Boen, basa di Bandung, babaturan urang nya bangsana si Peter Thio, si
Albert Tan nya batur - batur urang asana mah euweuh nu ngarana Robert
nya "
"Heueueh, euweuh nya nu ngaranan Robert, ku naon nya ?" manehna make
rada kerung, mikir atawa nginget-nginget meureun.
Ceuk sim kuring teh : " Euweuh urang Cina di Tatar Sunda nu make ngaran
Robert mah, boa di Wetan atawa diluar Jawa meureun aya we"
Manehna ngajawab:" Ke..ke.., kunaon bet kitu Joe ?"
"Inget si Sin Hin, pan mun urang nyalukan manehna pan Ko Sin Hin, pan
manehna kolotan ti urang, inget henteu" jawab sim kuring.
"Enya..enya inget ayeuna mah, memang Ko Sin Hin tukang badminton" jawab
si Boen
"Jadi naon hubunganna jeung ngaran Robert, Joe ?" manehna nanya serius
pisan.
" Tah mun babaturan urang ngarana Robert, terus si Robert leuwih kolot
ti urang kan hese nyalukanana." ceuk sim kuring teh bari napas panjang
ngarah jempling saeutik.
Terus sim kuring ngomong deui : " Coba kieu we, mun kabeneran urang
panggih di Alun-Alun ti kajauhan katingali si Robert kumaha nyalukanana
?"
' Ah nya gampang we, KO Robert. KOKO Robert" jawab si Boen .
" Atuh matak ngaributkeun, jelema pada ribut saha nu kokorobet, Si Neng
mana anu dikokorobet, pan matak gujrud sa Alun-Alun !" ceuk sim kuring.
" Aaaaah, silaing mah, ti budak keneh nepi ka ayeuna geus pinuh ku huis
ari heureuy teh bisaaaa we Si Joe siah !" pok na teh. " Tah matakna ge
ceuk uing ge, aya ku resep ari panggih jeung maneh teh. Geus lila teu
seuri ngakak, komo bari cirambay sagala. Matak nyeri kulit beuteung !"
" Ah enggeus ah, geuning tuh pamajikan geus neangan uing, geus waktu
balik, karunya budak sorangan di imah".
" Panggih engke 17 Agustusa nya Boen".
"Heueuh, mun hirup keneh eta ge " ceuk manehna bari ngaleos ditarik ku
pamajikana.
Abah Joe