Bagea wilujeng tepang sareng wilujeng diajar di nagara China (Taiwan) kang Iqbal. Sok ah guar pangaweruhna di milis US ieu, kaleresan urang Bandung dinten ieu nuju ngeuleuweuh ku sesahna akses internet, majar teh serat optik anu ti Taiwan sareng Hongkong reksak ku LINI anu rongkah kamari, cing-cing kumaha tah, wios widangna Kimia oge da anu jelas mah aya di Taiwan. Haturan ieu aki urang Bdg anu di Msia, sakantenan oge yeuh Wilujeng Boboran Haji tah ka sadayana wae warga milis US. Wasalam.
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: namina Kang Iqbal Mang...sanes Irfan... heu heu -dul- --- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Waalikumsalam Wr. Wb. > > Hatur nuhun Kang Iqbal kana kintunan emailna. Geuning nuju ngalalana di > lembur amoy Kang. Hehehe. Resep jigana. > > Ngarah tiasa wawanohan sareng baraya sanesna, Kang Irfan tiasa gabung > sareng milis kasundaan. Diantarana milis: > > Ki Sunda, [email protected] > Baraya Sunda, [email protected] > Urang Sunda, [email protected] > > Mangga Kang Irfan geura ngadongeng, kumaha lalampahan di Taiwan. > > Salam, > MH > > Catetan: > Keur baraya milis, ieu postingan ngahaja di-forward ka milis, > ngarah Kang Irfan tiasa wawanohan jeung balarea. > > --- iqbal iq <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamu'alaikum wr. wb. > > > > kenalkeun, abdi Iqbal. mahasiswa S2 Chemical Engineering CYCU di Taiwan. > > Abdi ngarasa bingah ningali situs urang sunda, nu masih ngabudayakeun > > bahasa sunda sareng paparabotanana. Abdi hoyong ngiringan silaturahmi, > > mudah2an abdi tiasa ngenalkeun sunda di cina ieu. > > Abdi kaleureusan ti Karawang, Jatisari-Cikampek. Mudah2an sareng aya > > situs ieu, sunda sing tiasa di lestarikeun. > > > > Hapunteun pisan, bilih b. sunda na awon, acak-acakan. > > haturnuhun pisan sateuacana > > > > Wassalamu'alaikum wr. wb. > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

