Lamun Keyeng Tangtu Pareng, Can Pareng geus Puyeng.
  Moal Ngakeul lamun teu Ngakal.
Mun hayang boga Peurah kudu Peurih.
  
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Kang Agus..

Hirup mah memang perjuangan. Hirup urang aya dina dampal
leungeun urang sorangan. Teu kudu gumantung ka batur, komo
Komo deui kudu nyasalah batur mah.

Kuring ge sarua, ripuh..
Komo kuring mah rumasa teu sakola-sakola luhur acan.
Tapi sagala ge ku gede kahayang. Sagala ge lain ku langsung
ngeunah. Peurihna hirup, komo di Jakarta lain caritakeuneun 
deui.

Kade Kang, tong loba teuing nempo ka luhur, bisi tisoledat
tong deui nempo wae ka handap, bisi tidagor

ceuk si Cepot mah pan..
dimana-mana urang manggih jalan nanjak, urang teu kudu rumahuh
tapi kudu bungah, kusabab satutasna jalan nanjak, pasti bakal 
manggih jalan nu mudun..

-dul-

--- In [email protected], "Agus K \"PAKUSARAKAN\"" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> ah.. luas we kang na make jeung teu luas... sugan jeng sugan ari
> dilembur sorangan mah.. mun labuh aya nu nulungan da' geuning di
> jakarta mah.. tikosewad oge kalah di seungseurikeun... majar ceunah
> "hudang atuh.. pan geus gede silaing teh.. naha teu bisa hudang
> sorangan mun ti kosewad,..... ceuk kuring bujeng2 bisa hudang nu 
aya
> mah tuur nyorocod, suku linu siar lungleng.. aya nu nulungan oge 
ukur
> ngalungkeun sangu sa piring
> pan nu dipikabutuh kunu labuh mah sanes tuangeun.. tapi iteuk jeung
> panyangkeh..
> 
> lain kacida deui kang keur kuring sorangan mah ngomong mun ningali
> hasil "dibidakara yeun urang sundah mah teu nepotisme, cing kuring 
mun
> kitu nepi ka iraha oge urang sunda baris katinggalkeun paling aya 
nu
> naek ukur sosoranganan... tah sangkeh... nu labuh.. ulah di antep
> ceunah hudang sorangan... da' di jakarta mah sanes di jkt wae di
> indonesia mah... 
> ah kang satadina mah keun we rieut mah urusan abdi nyalira.. nya 
eta
> tea.. sok sanajan tigebrus nya rek nyobaan hudang sorangan da' teu 
aya
> dulur keur di penta tulung teag, ari ngadege hasil gempungan urang
> sunda di bidaraka nya kuring asa beukti jadi nyorangan pisan hirup 
di
> jakarta, eh teu sorangan ketang tiluan jeung anak pamajikan..
> 
> Cikan
> > pedaranana naon anu tiasa didadarkeun keur eunteung dulur-dulur 
utamana anu
> > ngumbara di kota?
> 
> kahariwang kuring bener ceuk teh elly tea.. lila mah isuk jaganing
> geto.. bujeng2 ning basa sunda sok sanajan US na oge baris ukur
> ngaran.. naon sababna.. oan US na masing-masing tea.. atawa 
kelompok
> jeung kelompok... sok geura tong jauh2 nu apal aya asgar jaya teh..
> maol loba.. kuring nanya ka tukang cukur jeng tukang sol mah teu
> apaleun.. tah di bidakara oge atuh nu tukang cukur jeung tukang sol
> oge tukang jualan dompet bari lempang ti blok m nepi ka senen mah 
teu
> di ulem,
> jadi nya kitu.. ulah di salahkeun US sunda mun sunda leungit tapi
> salahkeun para gegeden sunda sapertos Gubernur BI jeung nu 
sanesna...
> 
> engke ti teruskan.. lah insya allah nepi ka isuk masih bisa 
online...
> mun teu aya perobahan tgl 10 an kuring ka garut...
> 
> 
> Agus Pakusarakan arek tilem....
> 



         

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke