hehehehe.....kieu ari jalmi cerdas mah... sae...sae... Ganjar Kurnia wrote:
> I. > > Aya sobat anu ngawayuh dugi ka opat. Barang ditaros naha eta teh numut > sunah Nabi? "Ah sanes kitu-kitu teuing" waleranana. Ngaitkeun ngawayuh > sareng agama sok snanos aya ayatna sieun katulah cenah. Ieu mah > estuning, tumut kana kasauran sepuh waktos akad nikah. Majar maneh > :"pamajikan teh tihangna rumah tangga". Kikituna kacipta lamun imah > tihangna ngan hiji. Ngarah weweg, nya kedah opat > meureun.......................... > > > II. > > Sobat anu sejen mah lain deui caritana. Ninggali rame anu ngawayuh, > katinggalina aya korelasi antawis kabeungharan sareng ngawayuh > (utamina anu beunghar anyar). Ki sobat oge ari ninggali sareat dunya > mah asa pantes manehna lamun ngiluan oge orde ngawayuh. Tapi basa > ditalek kunanon henteu ngawayuh, padahal beunghar? waleranana > :"baroraah akang mah Yi, karunya ka si euceu. Lamun kolotna masih > araya keneh mah, si euceu oge moal burung dibalikeun. Akang onaman, > rek ganti wae ku nu anyar............................ > > III. > > Aya anu ngawayuh opat disabumikeun. Maklum ahli agama, ari kilir teh > sok didalilan. Ari sakali ngaladenan salaki teh sami sareng maehan > opat puluh yahudi cenah. Mantak ari isterina bade ngajak ebog teh sok > nyarios :"apa sanes bade maehan opat puluh yahudi...................". > Sup ka kamar isteri anu kadua ditawisan kitu oge. Tapi kusabab tos > ngawitan leuleus, walerna teh :"anu ayeuna mah ngan 20 Yahudi na " > cenah. Atuh basa lebet ka kamar anu ka tilu, nyebatna teh ngan maehan > sapuluh Yahudi. Barang istri anu kaopat nawisan : si Bapak ngadon > ambek mureleng:"lain rek maehan Yahudi..................maneh mah rek > maehan aing............sakieu geus leuleus teh" > > > ------------------------------------------------------------------------ > *Yahoo! Mail réinvente le mail !* Découvrez le nouveau Yahoo! Mail > <http://fr.rd.yahoo.com/evt=40577/*http://fr.promotions.yahoo.com/mail/nouveaumail.html%20> > > et son interface révolutionnaire. > --

