Palawargi, naha nya teu aya nu ngabahas Kalasunda? Sababaraha dinten kamari 
(upami teu lepat mah leresan kaping 28/29 Des 06) teh nyaeta taun anyar dina 
etangan kalender Kalasunda. Da waktos simkuring ngalangkungan Museum Sri Baduga 
(Jl. Peta, Tegalega), aya acara khusus milangkala...
 
 Manawi aya palawargi anu kagungan informasi anu langkung seueur, mangga atus 
diposting. Simkuring ninggal dina bewara di STV mah, saurna, Kalasunda teh tos 
diakui ku PBB sareng langkung akurat tibatan kalender sanesna. 
 
 Upami aya nu kagungan kalenderna, simkuring seja mundut hiji wae mah, komo 
deui upami gratis mah... hatur nuhun pisan.
 
 
 
 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke