Ua Sas jeung Bandung Kidul
  (Ngeunaan infrastruktur kasenian)
   
  Mun urang leukeun nitenan kota Bandung, tetela sesa kolonialisme teh masih 
nyampak. Malah ngadagleg pisan. Sesa kolonialisme teh lain dina perkara 
kahirupan atawa watek birokrasina. Tapi, oge dina infrastruktur kaseniannana. 
Persisna mah fasilitas kasenian nu aya di dinya, nu teu walatra.
  
  Coba bae titetan: Selasar Sunaryo, Sanggar Luhur, Studio Tatang Ganar, Dago 
Teahouse, Studio Jeihan, Saung Mang Ujo, (almarhum) Babakan Siliwangi, 
(almarhum) Galeri Barak, (almarhum) Rumah Nusantara, Sabuga, AACC, Galeri Kita, 
YPK, Studio Ranggagempol, nepi ka Rumentang Siang jeung CCL. Kabeh aya di 
kalereun koridor Jalan Asia Afrika-Ahmad Yani-Jendral Sudirman, nu minangka 
gurat tengah kota Bandung. Karuhan fasilitas nu diadegkeun atawa dikokolakeun 
ku pamarentah atawa lembaga asing mah, siga Goethe jeung CCF.
  
  Di beh kidulna lain euweuh. Ngan, jumlah jeung – nu penting – “gengsina" eleh 
ku beh kaler, nu ngagumpluk sabudeureun pasir Dago jeung Ledeng. Enya di beh 
kidul teh aya ASTI, SMKI, Padepokan Seni, Saung Pa Baun, jeung Studio Heri Dim. 
Tapi, mun urang ngomong soal “Bandung” dina konteks kasenian, nu kasawang teh 
pasti wewengkon Bandung kaler. Lain nu lianna.
  
  Kukituna, pantes mun jelema pantar Heri Dim gogorowokan soal “Kaler” jeung 
“Kidul” teh. Malah, manehna mah, alatan sapopoena neuleu jeung ngarasa kumaha 
hirup di beh kidul, ngarasa diteungteuingan ku urang Bandung kaler: Bandung 
kidul ngan jadi paruntahan urang Bandung kaler. Paruntahan teh boh dina harti 
silib, boh dina maksud saujratna.
  
  Da, enya. Sanajan karamijudan geus jadi hiji endemi di Bandung, oge umumna 
kota-kota di Indonesia, Bandung kidul mah asa leuwih ramijud. Coba bae asaan 
ngulampreng ka Cicadas, Kiara Condong, Gedebage, Cigereleng, Cibaduyut, Sayati, 
Babakan Ciparay, parat ka Cijerah, Cigondewah, jeung Kampung Mahmud. 
Kaayaannana khas nagara berkembang – mun lain nagara tulalit ge: Patalimarga 
macet jeung pajurawet, jalanna laledug mun halodo, becek mun usum ngijih, 
pagalo jeung pakarangan nu ngajejembrung atawa reumbeuy ku popoean, kamalir nu 
mengpet, kasadaran masarakat  kana keandahan, kabersihan, jeung kaendahan nu 
teu nyambung jeung tingkat pendidikan tur karaharjaan. Beh dituna mah, keur 
kuring, diamparan ku watek korupsi – boh alatan belegug boh alatan teu percaya 
kana Kaasih Pangeran – nu ngadagleg dina kahirupan urang, nu ngabalukarkeun 
tatar ruang jeung kahirupan nu aya di dinya siga amuba: Kuma karep. Siga euweuh 
pamarentah, siga euweuh sakola, siga tuna agama. Siga lain di Tatar
 Sunda.
  
  Balik deui kana fasilitas kasenian tadi, kaayaan eta teh tangtu bae “teu 
adil”. Kaayaan eta ngan leuwih ngogo urang Bandung kaler. Urang Bandung kidul 
mah siga dilurjeunkeun dina perkara kasenian ieu. Enya. Pan sakalina rek lalajo 
kasenian kudu ngadangkal ka beh kaler, nu hartina kudu ucul ongkos leuwih gede 
manan maranehna nu caricing di beh kaler, nu umumna leuwih raharja (“Jalmi 
nyondong,” ceuk babaturan kuring mah, awewe, urang Srimahi). Dibarungan ku 
macet, antukna jadi mumul liar. Mumul “berkesenian”.
  
  Padahal, ku wangwangan, cacah jiwa di beh kidul teh leuwih gegek manan di 
kaler. Hartina, ditambah ku asumsi ngeunaan tingkat pendidikan urang kidul nu 
leuwih handap manan urang kaler (?), nya urang kidul satemenna nu kudu leuwih 
loba diwewelan ku kasenian-kabudayaan, nu sok diwawaas – cenah – boga pangaruh 
lahuta kana kahirupan. (Malah, pan, sakapeung mah kasenian, jeung iptek, teh 
sok dianggap mataholang kahirupan?).
  
  Kuring can boga data nu paheut, kumaha jeung sabaraha loba prak-prakan acara 
kasenian nu diayakeun fasilitas-fasilitas kasenian di beh kidul teh. Ngan, siga 
ceuk tadi, ku pangalaman salila ieu, boh salaku wartawan atawa “urang Bandung”, 
kahirupan kasenian di beh kaler jauh leuwih hirup. Nepi ka tadi oge: Seni di 
Bandung identik jeung beh kaler tea.
  
  Maksud kuring, mun tea mah fasilitas-fasilitas nu aya tadi leuwih hirup, boh 
ku frekuensi atawa ku prak-prakannana, misalna ngayakeun acara nu sipatna 
leuwih daria dina perkara publikasi – beh dituna mah sebut bae, ringkesna, 
leuwih dioptimalkeun – tanwande lain bae Bandung kidul bakal leuwih “kadenge”. 
Tapi, Bandung oge bakal leuwih hirup. Leuwih beunghar.
  
  Sabab, di luar fasilitas kasenian nu geus disebut tadi, beh kidul oge boga 
Museum Jawa Barat, pabukon Dodi Tisna Amijaya, pabukon Jawa Barat (atawa 
pabukon kodya kitu? Nu di bypass tea?!), jeung...Pabukon Buku Sunda jeung 
Sajabana (PBSS)! Hartina, mun tempat-tempat nu aya ieu dioptimalkeun, 
dibarungan ku masigit-masigit nu aya, tangtuna Bandung bakal leuwih tumaninah – 
meureun. Paling heunteu dina kahirupan kasenian, kabudayaan, karohanian, atawa 
kahirupan intelektual. Nu engke, meureun deui bae, bakal aya pangaruhna kana 
kahirupan nu leuwih nyata, nu leuwih kadeuleu jeung karagap.
  
  Geus kasawang, nu jadi hahalang pikeun ngaoptimalkeun fasilitas nu aya teh, 
lian ti perkara “ego sektoral” (masing-masing sok hayang tanjeur sorangan, bae 
ripuh atawa goreng oge), taya lian ti perkara waragad. Perkara Mang Dana. Enya. 
Tong boroning nyieun sawala, festival buku, festival monolog, festival maca, 
festival Islam-Sunda, jeste, keur ngadata jeung  nyieun sistem pabukon pikeun 
buku nu aya ge – mun rek alus jeung profesional – beayana tangtu teu saeutik. 
Ti mana? Encan, dina halna nambah koleksi buku, nu jadi program poko hiji 
pabukon.
  
  Keur Bandung, perkara dana satemenna teu kudu liar jauh. Sanajan kiwari 
industri tekstil geus nyirorot, sesana masih keneh bisa diandelkeun.  Ditambah 
ku industri-industri lianna, kaasup sawatara perwakilan pausahaan roko nu 
ngajengjreng di lebah Gedebage atawa industri sapanjang Cigereleng-Dayeuhkolot, 
bisa dipuntangan. Paling heunteu, keur ngajalankeun program-program nu sipatna 
insidental. Malah, mun dileukeunan mah, sigana, teu mustahil bisa ngabayuan 
sakabeh program nu aya. Tinggal saha jeung kumaha ngadeukeutan para 
industrialis eta, jeung kumaha ngokolakeun eta fasilitas. (Deui-deui, perkara 
waragad ieu, kuring inget ngeunaan Dana Abadi Sunda!).
  
  Husus PBSS, keur kuring, satemenna boga lolongkrang nu istimewa. Utamana 
pakait jeung nu kagungan tur ngokolakeunnana: Ua Sas.
  
  Si Ua, sanajan nelah Ua Uun, pangsiunan, boga modal anu gede. Lain bae 
perkara getih goib, kahaat, atawa sumanget, kaweruh, jeung kapercakaan dina 
widang kasundaan atawa kamanusaan umumna. Tapi, oge perkara fasilitas: Si Ua 
linggih di hiji komplek nu diantawisna ngagaduhan fasilitas umum mangrupi 
taman. Ku implengan, ngamangpaatkeun wiwahana salaku sesepuh di eta komplek, 
atawa salaku sesepuh YP/Kusnet pisan, anjeunna iasa nyulap eta fasilitas umum 
janten hiji “ruang publik” nu langkung jembar. Tempat di mana, sanes bae urang 
dinya, tapi nu ti Sapan, Majalaya, Dayeuhkolot, Margahayu Raya, Gedebage, 
Buahbatu, barudak Uninus, jste, ngadon berkesenian-berkebudayaan. Boh ukur 
lalajo, meuli buku, atawa dilalajoanan. Atawa milu sawala nu diayakeun di eta 
tempat. Dalah, pangajian oge satemenna teu haram diayakeun di eta “ruang 
publik” teh.
  Hiji-hijina hahalang kana ieu prak-prakan: Si Ua sosoranganan. Euweuh nu 
mantuan. Boh tanaga, pikiran, oge waragad keur ngamimitiannana. Mun tea mah aya 
nu haat, hideng mantuan si Ua, tanwande ieu bisa diconto ku kota-kota lianna: 
Hiji ruang publik nu diadegkeun jeung dikokolakeun ku warga masyarakat. Lain ti 
pamarentah -- sanajan gawe bareng jeung pamarentah, misalna kacamatan, lain hal 
nu dipungpang. Hartina, naon nu jadi salah sahiji ciciren jeung udagan civil 
society ngilu kalakonan.
  
  Ari perkara ikon lianna nu bisa “dijual” atawa ngarempegan eta “komunitas” 
mah teu hariwang. Wewengkon si Ua jeung sabudeureunnana leubeut ku inohong. 
Contona: Kang Ibing (aktor jenius, nu tafsir jeung aktingna salaku si Kabayan 
can aya nu bisa nyaruaan), Tatang Benyamin (putra Mang Koko nu neraskeun tapak 
almarhum dina widang karawatitan), Mamannoor (dosen, kritikus, kurator Galeri 
Nasional, nu oge miboga karep dina widang potensi lokal – tesisna ngeunaan 
kosmologi), Teh Ika (pejabat Bapeda Jabar, anggota Kusnet, sponsor PSK di 
Karawang), Asep Salmon (pejabat Telkom Bandung nu oge boga kahaat ka Sunda), 
dosen ITB jeung Uninus nu lalilinggih lebah dinya. (Hanjakal Pa Edi S.Ekajati 
tos pupus. Upami masih aya mah, bisa nambah kakuatan eta komunitas). Kabeh 
potensi eta bisa dikokolakein jadi hiji komunitas, nu bisa ngilu mere wanda 
kana kahirupan Bandung jeung, karep daek, Indonesia. 
   
  Tinggal kumaha urang, nu nyampak di Kusnet, utamana nu cicing di Bandung 
atawa Dayeuhkolot, Majalaya, atawa Margacinta pisan, wani heunteu ngaropea eta 
lolongkrang? Kaasup ngayonan kasusah jeung kabantetna? Beh dituna mah, wani 
heunteu urang ngalegaan layar komputer urang – singkil dina kahirupan nu leuwih 
nyata? Dina raraga ngamajukeun Sunda, nu geus diamanatkeun Gusti ka urang 
sarerea, dina harti nu leuwih jembar.
   
  
  Tepis Wiring Bogor-Sukabumi, 19 September 2006
   


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke