Ceuk abdi mah gabungan sababna teh..antawis ngudak fulus lamun pausahaan..nepikeun ka ngorbankeun PM (preventive maintenance..Cik saha diantawis urang anu sok molorkeun service mobil tina tiap 5000 km nepi ka iraha wae parengna..??). Kadua hengker pisan kamapuan kana pengelolaan risiko...dicampur ku gede ambek atanapi panasan...tambih deui sok/hayang gaya/legeg...Kumaha contona.....Tah di jalan raya Puncak..nanjak ...aya mobil Kijang keur mengpeng kinten2 70 kilo/jam...ditukang...aya suzuki carry keur mangpret....lampuna reu bary reup bary hayang nyusul Kijang..Kaayaan jalan..ngan lowong payuneun Kijang paling2 500 meter, aya Bus Ageung keur mudun.....kacepetan 60 km/jam (17 meter/detik).Si Suzuki maksakeun maneh rek nyusul si Kijang....Hiung oper gigi 2...eta dua mobil teh..kalahka ngarendeng..kirang langkung 15 detik...da sarua pada ngagas....Dina 15 detik teh dina 70 km/jam (19 meter detik) teh hartosna...285 meter meter. Si Bus dina wangsa 15 detik paratos mudun satebih 255 meter. Janten 285 meter nanjak 255 meter mudun, padahal jarak awal ngan 500 meter (285+255)= 540 meter . Teu ayal deui 3 mobil teh tabrakan frontal...eta teh ditahun 90 an....
Data : Kijang 73 HP kuatna, Suzuki 55 Hp kuatna, Bus 120 Hp kuatna , mudun, pantrang ngelehan....Saya nu salah ? Kabodoan...!!!! --- Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Matak sadayana ge bakal teu beres ari korupsi masih > keneh terus mah.. > persaingan perusahaan nu teu sehat, antukna > masyarakat nu janten korban. > > ----- Original Message ----- > From: Rahman > To: [email protected] > Sent: Wednesday, January 03, 2007 10:18 AM > Subject: [Baraya_Sunda] Re: Loba kacilakaan .... > > > Baraya, > > Cikan aya nu terang, kumaha nya di nagara urang > bet loba pisan > 'kacilakaan'teh? > > Faktor nanahaon bae anu jadi sabab bin musabab > lobana kacilakaan tea? > Da ieu mah... ngan gelutk jeung geletuk deui bae > cilaka teh. > > Anu jadi pamikiran kuring mah, sigana teh bangsa > urang mah kurang > ngahargaan NYAWA manusa. Jeung sigana teh TEU BISA > ngitung kamapuh > kitu. Nyaho kapasitas kapal teh MAKSIMAL (misalna > ieu mah) 600 jelema, > pan di urang mah kadangkala angka 600 teha jadi > 6000! Nya tamaha atuh > matak loba kacilakaan oge. > > Lian ti kitu, ngitung kamampuh mesin disaluyukeun > jeung tangtangan > alam anu beurat. Manajemen transportasi anu siga > na teh sakadekna? > > Teuing... ieu mah sakadar pamikiran wungkul. > Buktina mah kudu > disaliksik heula. Mun bisa mah aya nu bisa > ngabuktikeun sabalikna tina > panyangka kuring. Genah meureun! Ngan orokaya, > loba kacilakaan teh > meureun jadi salahsahiji bukti hengkerna bangsa > urang? Teuing ketah! > > baktos, > > Rahman > > > > > > > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

