Kajadian ieu teh mangrupakeun salah sahiji ujian ti Allah Swt keur para
jama'ah Indonesia (khususna), sok sanajan nu ngabakukarkeunana akibat tina
pagawean manusa anu kurang profesional bin ahli. Tapi didieu para jama'ah
diuji ku Allah Swt bisa teu ngadalikeun emosi jeung pikiran dina mangsa keur
ngalaksanakeun ibadah di tanah suci, geuning nu sadar mah pasrah sumerah ka
Allah Swt bari teu kendat ngado'a jeung usaha sangkan disalametkeun tina ieu
musibah. Tah didieu tugas pikeun pimpinan rombongan kumaha carana
ngadalikeun anggota rombongan sangkan salilana sabar jeung tenang dina
nyanghareupan ieu salah sahiji kajadian.
Mina teh cenah mah mangrupakeun tanah haram dimana panggoda syetan kacida
pisan berat pikeun jalma anu keur ngalakonan ibadah haji, kurang-kurangna
urang bakal cilaka lamun teu bisa ngadalikeun emosi jeung pikiran dina
mangsa keur ngalakonan ibadah jumroh (maledog setan) anu nurutkeun nafsu mah
sok hayang buru-buru cenah bari jeung teu nolih kana kaayaan sabudeureunana.

cag...ah, (punten lamun aya nu lepat)

"kkbm'69"
-nu hayang sagancang ngalakonan ibadah haji ka tanah suci........amim

Kirim email ke