Mang... Wa ... Pih .. nyobaan meumeureunan ah... kolesed.... pindah/ngised dina kaayaan diuk, indit bari teu bebeja conto kalimah: kolesed, si ablahem indit ti rapat di masjid al muhajirin sanggeus ngarasa cangkeul ngadenge pidato pa lurah nu matak bosen.
kucuprak.... sora cai katinggang barang keutik/ leumpang di lahan nu ngeuyeumbeu ku cai, balong misalkeun conto kalimah: lantaran kongkorongna murag basa keur mandi di tampian haji serbanna, nyi jumsih kapaksa kukucuprakan bari nyacapa dadasar balong. rumpuyuk.... kaayaan bade ngudupruk tina posisi nangtung/calik bakat ku leuleus/taya tangan pangawasa. conto kalimah: jelebet, popor bedil ngababuk puhu ceuli. rumpuyuk astahiam ngudupruk nyium tungtung sapatu bingkap menir van huisen. korolos.... ngaleos, ingkah/indit rerencepan conto kalimah: si kancil, kitu katelahna bangsat nu ngagalaksak di sabudeureun wado dina taun 80-an. sababna mah manehna lihay pisan karalas korolos ngalolos ti pangepung warga. Tapi sapinter-pinter bajing luncat, tungtungna mah manehna modar tigujubar ka jero leuwi seeng. bugangna kanyahoan ngambang dina isukna. regeyeng.... ngangkat barang beurat conto kalimah: awak si mamih nu sakitu lintuh bayuhyuh ngan saregeyeng dipayang ka luhureun kasur ku si papih. kulutrak.... muka selot/tulak panto conto kalimah: Kulutrak, kadenge tulak panto dapur aya nu muka. Rekeeettt... "Saha eta? Jelema atawa ucing?". "Uuucciiiiing". "Bangsat siah!!!". kodomang.... maju bari ngorondang/ leungeun nyokot barang conto kalimah: Kodomang leungeun katuhu si karnadi kana ci teh na batok. leungeun kencana ngodomang keler sukro. susuguh nyi iyem. Regot cinteh diinum napsu naker. "Jadol siah, teuas keneh geuning". sukro mawur kamana-mana. solongkrong... mere/ngasongkeun panangan. conto kalimah: Solongkrong bah Willy ngasongkeun dampal leungeun. Mbu Mince nyolongkrongkeun leungeunna oge, dua leungeun ampir paantel, sasenti deui, kenyed Mbu Mince narik deui leungeunna. "Jadol siah!!" bah Willy ngabatin... (hehe punten bah Willy ah... :)) ) golosor.... maju/mundur kalawan lesang/leueur/ emih...rupana koneng. conto kalimah: "Mbi.. cing emih golosorna sapincuk, sambel kacangna na rada loba. Tambahan we tah ku bala-bala dua siki mah. Sabaraha?" "Dua rebu aden". "Ieu Mbi duitna". Golosor mikeun duit lima rebuan. "Pulangna mah kop we keur Bibi". "Nuhun aden". keteyep.... maju lalaunan/rerencepan conto kalimah (tina laguna kang ndoell "lain tukang korong" soembang): keteyep kucuprak.. sorodot gejebur! hate baseuh ku rasa katineung jst... logodor.... lol/hol/jol pikeun barang anu sifatna panjang teu nyora. conto kalimah: logodor sakadang oray kaluar tina liangna. ampir sabulan manehna tatapa hayang boga jangjang di jero liang. ngan beuteungna karasa peurih, menta eusi. nya kapaksa, tatapa bolay, meunding neangan bangkong. guntreng... anteng gunem catur/ngobrol conto kalimah: di kamar sabeulah, kadenge sapasang jalma keur guntreng ngobrol. ngan geuning sora nu jalu beuki haroshos, lila-lila jep jempe tinggal sora rereketan... ragamang.... kaayaan panangan bade nyekel/newak/nyokot conto kalimah: ragamang si jago kana cangkengna. gep kana perah bedog. sat, bedog dipesat... kececet kana beuheung munding. gujubar.... sora cai katinggang barang badag conto kalimah --> tingali conto nu make lirik kang ndoell teya.. ;D ===== sakitu susu gan an ana....... su gan bener! gendudh On 12/29/06, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Cobi urang cobian medar eta kalimah-kalimah dihandap.. punten pang lereskeun upami lepat.... *Oman Abdurahman [EMAIL PROTECTED] kataji ku kecap panganteur kecap gawe dina basa Sunda, cikan aya anu gaduh data anu rada lengkep? Dina kaayaan naon ngalarakeun kecap-kecap panganteur di handap ieu? Aya anu tiasa maparinan conto:
-- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.lembur deudeuh.: http://banjarasih.blogsome.com

