Keurseus Sajarah Sunda       
Bewara! Bewara! Bewara!
Keurseus Sajarah Sunda

Upami leres baheula masarakat Sunda kagungan karajaan badag kaceluk ka 
awun-awun kawentar ka Nusantara, dugi ka mana badagnya karajaan Padjadjaran 
dibandingkeun sareng karajaan Majapahit atanapi karajaan Sriwijaya? Naha leres 
abad ka tujuhbelas, di Cirebon kantos aya seminar (gotra sawala) nu 
ngahasilkeun naskah Wangsakerta nu eusina istimewa, tiasa ngarobah sajarah 
Indonesia? Kunaon pa Otto Iskandar Dinata dipateni? Ku saha? Kunaon tokoh-tokoh 
Gerakan Sunda taun 50an, Adjam, Adeng, Tjetje, Tato, ditangkepan ku pamarentah? 
Salah naon? Naha leres Nagara Pasundan “hianat” ka NKRI? “Hianat” mana upami 
dibandingkeun sareng GAM, atanapi RMS, OPM? Numutkeun tilikan sajarah, naon wae 
kahengker sarta kapunjulan urang Sunda? Naha tiasa masarakat sareng paradaban 
Sunda hudang deui?

Tah, para mitra, nyacapkeun kapanasaran sapertos kitu, MANGLE rereongan sareng 
Masarakat Sejarawan Indonesia (MSI) Cabang Jawa Barat sarta Pusat Penelitian 
Universitas Padjadjaran, ngawitan Pebruari dugi ka Maret 2007, seja ngayakeun 
KEURSEUS SAJARAH SUNDA.

Maksad/Tujuan: masihan pangaweruh, ngaronjatkeun kasadaran sareng wawasan 
masarakat perkawis sajarah Sunda

Pasaratan nu ngiring keurseus:
1. Dibuka kanggo umum, minimum tamat SLTA/sadarajat
2. Mayar waragad keurseus ageungna Rp. 75.000 per sasih
3. Jumlah nu ngiring keurseus diwatesan dugi ka 50 urang

Fasilitas: makalah, snack, sertifikat

Materi keurseus:
- Raja-Raja Padjadjaran
- Kahirupan Menak Baheula
- Sistem Priangan (Preanger Stelsel)
- Agama Islam di Jawa Barat
- Naskah Wangsakerta
- Nagara Pasundan
- Gerakan Pamuda Sunda

Tanaga Pangajar:
1. Prof Dr Hj Nina Herlina Lubis MS
2. Mumuh Muhsin Drs MHum
3. Reiza Dienaputra Drs MHum
4. Andi Suwirta Drs MHum

Tempat keurseus:
Lembaga Penelitian Universitas Padjadjaran
Jl Cisangkuy no 62
Bandung

Daptar ngiring keurseus:
Saban dinten (iwal Saptu jeung Minggu) ti jam 10.00-16.00

Tiasa kontak ka
Tuti,
majalah Mangle
Jl Lodaya 19
Bandung
Tlp (022) 7303438
Fax (022) 7309720

Dur panjak, prung ah, padungdungkeun lur!


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke