Alus, tinggal ditambah input jeung output. hehe. jadi proposal keur Mang Ka'ban tah! yakin geura.
On 1/5/07, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya, Sababara poe katukang Apih ngadugikeun prakira (ramalam) kaayaan alam taun 2007 numutkeun ahli-ahli ti Korea. Baris leuwih panas kusabab El Nino manggung deui jeung leehna es di kutub, saurna. Eta ramalan atawa prediksi para ahli iklim teh dinten ieu dikuatkeun deui ku para ahli di Amerika jeung Eropa sakumaha dina: http://news.yahoo.com/s/ap/20070104/ap_on_sc/britain_global_warming , dinten ieu. Naon akibat gorengna anu bisa dirarampa ayeuna keur jaga-jaga ka hareup? Jeung naon tarekah urang pikeun nyinglarkeunana? Kaayaan alam anu tambah panas jeung El Nino bisa ngabalukarkeun leehna es di kutub, akibat leuwuh jauhna: beungeut cai laut naek. Kaayaan ieu dibarung ku El Nino bisa jadi ngakibatkeun hujan gede tur banjir dina tungtung taun atawa awal taun hareupna deui. Samemehna, kusabab kaayaan alam anu panas, hawa sapopoe baris leuwih tarik panasna, halodo diperkirakeun bari leuwih panjang, dangdangrat kakurangan cai dimana-mana wuwuh tambah rosa, jero taun 2007. Narekahanana? taya lian ti balik deui kana miara kabuyutan. Leuweung kudu dijaga, sabisa-bisa ulah aya anu nuar kakaianana, palemburan jeung kota-kota kudu leuwih dihejokeun ti ayeuna, walungan-walungan kudu leuwih dipiara meh teu mendet dina waktuna hujan gede datang. Aya hadena, rahayat anu didasi nu maling kai ti leuweung kudu dihukuman masing beurat. Kajahatan ngaruksak leuweung kudu disaruakeun jeung kajahatan gede sejenna, kayaning korupsi, narkoba, jst. Sabab, geus kabuktian, kualatan leuweung diruksak, musibah banjir dimana-mana, ti anu leutik nepi ka anu badag anu teu saeutik mawa korban jiwa. Anapon rahayat leutik anu maling kai ti leuweung - biasana jumlahna teu sapira, tapi cukup lega karuksakan anu ditimbulkeunana upama dijumlahkeun - kudu diatik jeung didik sarta dibere jalan kaluar pangupahjiwana sangkan henteu deui-deui ngaruksak leuweung. PR Pamarentah jeung para pamuka masyarakat nambahan deui, wayahna kusabab pancen. Program Pamarentah ka hareup (2007 jst) kudu bener-bener multifungsi anu nyata. Disagigireun ngaronjatkeun paekonomian rahayat, oge dina waktu anu bareng kudu aya manfaatna pikeun ngaronjatkeun kualitas lingkungan. Kusabab kitu, program-program saperti hutan karahayatan, miara jeung ngalegaan leuweung adat (kabuyutan), nyalindungan sirah cai jeung wewengkon seserepan caina kudu dilegaan ambahanana. Melak tatangkalan di gunung jeung pasir anu buligir oge di pakampungan jeung dikota-kota kudu jadi prirotas program, boh di Pamarentahan atawa LSM-LSM. Lain ukur formalitas ritual melakna anu kudu digedekeun teh, tapi kumaha nitenana (monitoring), sangkan naon anu dipelak jaradi tur ngabadagan sakumaha mistina. Anu diperlukeun ku rahayat lain seminar-seminar pentingna melak tatangkalan, lain upacara seromonial dina derna ngahejokeun leuweung, balikta lahan anu gundul balik deui sakumaha asalna: jadi leuweung anu pepek ku tatangkalan hejo ngemploh, sirah cai cur-cor dimana-mana. Satemenna, indikator lumangsung henteuna program ngahejokeun leuweung teh gampang kacida nitenana. Ceuk paribasana, ku rahayat biasa oge baris langsung katangen. Upamana wae, gunung sakuriling Bandung rek dihejokeun ku Pamarentah ngaliwatan dinas kehutanan satempat, indikatorna: dina jero 6 bulan, upamana, eta pasir atawa gunung-gunung anu aya di Bandung teh geus kudu mimiti katembong hejo. Lamun gundul wae, siga salah sahiji gunungkalereun Rancaekek, Bandung, eta hartina Pamarentah teu bener-bener ngalaksanakeun programna. Upama kitu, eta Pamarentah geus sulaya ngalaksanakeun amanah rahayatna. Lamun kitu kajadianana, talatah karuhun pikeun miara kabuyutan teh geus disapirakeun; pon kitu deui, amanah agama sangkan jadi rahmat keur alam geus dirempag. Usaha sejenna, anu rada panjang, pikeun narekahan sangkan alam ulah panas teuing nyaeta: ngurangan emisi gar karbon ka angkasa jeung program-program pikeun ngalawan panas akibat "gas rumah kaca" (grk) tea. GRK teh akibat loba teuing gas-gas anu ngahalangan balikna radiasi panonpoe nepi ka alam jadi panas. Alam atawa bumi anu katalingkung ku GRK jadi tambah panas ngaakibatkeun, diantarana, hawa sapanjan taun panas leuwih ti biasana jeung es di kutub jadi leeh. Akibatna, sakumaha geus ditatan tadi, El Nino, halodo panjang, jeung banjir rongkah dina mangsana usum hujan datang. Anapon program keur narekahan akibat GRK anu geus kajadian diantarana: ngabajoangkeun protokol Kyoto (utamana ngadesek sangkan Amerika daekeun nandatangan eta protokol). Ieu memang tugas Pamarentah, tapi rahayat oge bisa mantuan. Upamana, ngaliwatan kampanye atawa demo tartib keur progra, ngurangan GRK. Usaha sejen, siga anu keur dipaju ku Kang Dadang (Ir. Dadang Muhamad, urang Malangbong, alumni IPB anu sukses jadi "pangebon" kalawan tara nginjeum ka bank), prak migawean program CDM (clean development mechanism), diantarana: ngahejokeun leuweung kalawan beaya nya ti pihak donatur. Na bisa sarupa kitu? Puguh wae bisa pisan ari geus nyangking elmu jeung praktekna siga Kang Dadang mah. Cag heula, bisi panjang teuing, jeung...ngahaja, sangkan jadi tulisan anu ...teu kaci....hehehe. Hapunten anu akhir eta mah heureuy. baktos, manAR
-- tantan hermansah www.tantanhermansah.co.nr "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!" --siliwangi--

