> --- In [email protected], Putera Kinasih <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > Memang leres akang, mung upami ditelaah langkung jauh....naon sih > kasaean saddam Husein utamina kanggo rakyat urang sok komo ka > pribadi simkuring, dibanding kasaean Amerika (di luar kontek > tauhid), amerika mah tos karaos boh tina produkna boh tina bantuan > sanesna.
Ah .... kuring mah netral we, soal Saddam Husein mah, ngan nu dipikapaur teh, umpama Timur-Tengah jadi ribut jeung anarki, gara- gara dimimitian di Irak. Paraseana Syiah jeung Sunni bisa nerekab ka nagara-nagara Tatangga Irak, sabab di nagara-nagara tatangga Irak oge kaum Syiah teh aya, ayeuna jadi golongan minoritas, iwal di Iran nu jadi pangawasa. "Wetan-tengah" ribut, harga minyak bisa nerekel, otomatis bakal "ngababuk" ka urang Indonesia. Tah ...eta kasalahan Amerika teh, naha Saddam Husein make digulingkeun sagala? ...tungtungna pan jadi kieu. Ngagulingkeun diktaktor, acan tangtu hasilna jadi leuwih bener, malah leuwih kacow tibatan waktu juragan Saddam kawasa. Nu kaduana nu dipikapaur teh, umpama "wetan-tengah" ribut, heug ributna "diimpor" ka lembur urang. Bangsa urang tea boga sifat "gehgeran", sok tuturut munding .... Baktos, WALUYA

