Kahatur Pak kuncen di KusNet.
Assalamu'aaikum wr wb.

    Langkung tipayun K Nata neda di hapunten tina katamelaran nana, sanes 
mopohokeun kana paparinan  namung ku kasibukan anu teu aya liren na,
kumargi kitu Khusus ka Kuncen di KusNet sim kuring nyuhunkeun di pasihan terang 
deui User sareng password kanggo login
ka email sim kuring anu ngangge Urang-Sunda, saleresna mah parantos aya data na 
di saved ku sim kuring dina desktop, namung
computer sim kuring resak motherboard na, janten hilap deui data2 na ku seu-eur 
teuing id , janten weh pabaliut.
Sakali deui hapunten anu kasuhun sareng neda di pasihan terang saenggal na, 
margi email Urang-sunda eta bade di angge salami sim kuring
liburan di lembur, malihan mah sakantenan weh manawi teu ka abotan, nyuhunkeun 
di set up gentos email sim kuring anu
[EMAIL PROTECTED] di delete tina member naon bae, margi bade di disconnected 
samentawis di gentos heula ku 
Urang-sunda email, supados tiasa di toong ti warnet salami di lembur, punten 
tos ngarepotkeun.
Hatur nuhun sateuacan na tina sagala rugi kasaean nana.

Wassalamu'alaikum wr wb

K Nata

Kirim email ke