upami diasumsikeun karajaan sunda ngagebleg sajabar tambah wewengkon di
wates jateng saeutik, cilacap, banyumas, tegal, oge ngangge cara/sistim
karajaan inggris, sigana Tohaan nu di unggal wewengkon teh teu beda ti
Duke, panguasa di hiji wewengkon nu masih keneh aya dina kakawasaan hiji
karajaan ageungna. nya siga bupati ayeuna atawa regent jaman walanda,
handapeun gubernur. anggap gubernur jabar ayeuna, numutkeun geografis,
siga raja sunda baheula.

masing2 masih dulur atawa patali baraya jeung raja.

bupati jaman walanda, cenah mah turunan, akina jadi bupati, bapana jeung
anakna oge jadi bupati di lembur eta. anak cikal ti istri
kahiji/permaisuri tea, sigana. sigana menak wewengkon eta di baheula mula.
sanajan beh dieu aya gelar menakna dibere/hadiah, boh ku cara dibeuli
atawa memang boga jasa ka pamarentah kolonial walanda.


mj

http://geocities.com/mangjamal



Kirim email ke