> From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
> perkawis perang, di urang kamari2 aya perang leutik/perang lokal.
> 1. perang 'integrasi vs anti integrasi', RI vs Fretilin di timtim

Perkara Timtim, kuring inget baheula di taun 1970'an. Harita teh 
balik ti lembur, ti Sumedang, naek "Colt" (baheula mah nu populer 
jadi angkutan umum antar kota teh minibus nu merkna Mitsubishi 
Colt). Waktu asup ka jero mobil, kuring rada kaget eusi panumpang 
teh tantara wungkul, ngarora keneh. Ari pangkatna mah masih "palang 
beureum" kabeh. Kuring diuk di jok pantukangna, nyempod 
dipangjuruna.  Sajajalan ti Sumedang ka Bandung, para tantara 
teh "sempal-guyon" wae, cacakakan, komo deuih ditambahan ku supir 
nyetel lagu-lagu dangdut.  Atuh aya nu joged2an, mani galumbira 
pisan, siga nu euweuh kasusah.

Tina obrolan maranehna kuring jadi nyaho, eta para tantara teh ti 
Batalyon 301, nu markasna di Cimalaka Sumedang. Teu pati jauh ti 
lembur kuring, lembur kuring kaasup pangulinan maranehna. Para 
tantara nu samobil jeung kuring teh ngabring ka Bandung aya urusan 
ka Kodam Siliwangi. Maranehna tantara nu anyar asup, kakara anggeus 
dilatih 6 bulan. Sigana mah maranehna galumbira teh, pedah 
latihanana geus leukasan. Rencanana maranehna teh bulan hareup rek 
dikirim ka Timor-Timur. Harita mah lalakon katelengesan perang Timor-
Timur acan pati kadenge. Jadi waktu ngareungeu maranehna rek dikirim 
ka Timtim teh, kuring biasa we, siga ngareungeu nu rek tugas di 
tempat sejen. 

Sataun ti harita, waktu kuring mulang ka lembur, ngadenge obrolan, 
cenah ayeuna mah para tantara ti 301 nu sok arulin ka lembur teh teu 
aya, teu baralik deui, saprakna dikirim ka Timtim. Ceuk beja mah 
cenah ampir sadayana "beak" diditu. Nu salamet teu ditugaskeun deui 
di Markas Batalyon tapi di Kodim, bari tanpadaksa. Ngareungeu kitu, 
ras ....kuring inget ka tantara-tantara nu samobil jeung kuring. 
Masih katempo wae, beungeut nu gulumbira, beres latihan, pinuh ku 
harepan, tapi perang meunggaskeun harepan, di Timor-Timur lain  
perang-perangan, tapi perang enyaan.....

Baktos,
WALUYA 


Kirim email ke