Sanes ti anu langkung ngartos ieu mah, bane rada pakait jeung anu kungsi disuprih wae, baheula keur jadi nu satia ka dosen :). Di palih handapna masing-masing patarosan wae nya bah Wily:
On 1/10/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Cik ka baraya nu langkung ngartos soal nu kieu, naha leres sonar > tiasa ngadeteksi logam? ====> Sonar sigana digunakeun keur ngukur jerona laut atawa obyek anu diteangan di laut. Leres, prinsip sonar teh ngagunakeun gelombang sora. Anapon metode magnetometer eta keur neangan barang-barang anu dijieunna tina logam, nya badan kapal tea jeung sajabana. > NB. > Sakalian naroskeun, naon kira-kirana basa sundana : > 1. Permukaan laut ===> Beungeut laut > 2. Lepas pantai ===>Jauh ti basisir nuju ka laut lega (asa kurang pas, hehehe, susah) > 3. Obyek (atawa tetep wae kitu) ====> tetep wae bah, bisi aya anu nyarekan. Ari obyek teh dina perencanaan mah eta leuwih heureut t /sahandapeun tujuan. Obyek mun arek ge bisa diganti ku sasaran. > 4. Perairan, contona Perairan Mamuju ====> sigana "perarian" mah bisa ditarjamahkeun "laut" wae. > 5. Gelombang (wave) ===> upama "gelombang laut" mah bisa ditarjamahkeun jadi "ombak laut" atawa "ombak sagara". Ngan lamun "gelombang cahaya" mah sigana tetep wae kitu, teu kudu ditarjamahkeun jadi "ombak cahaya". > Baktos, > WALUYA > ===>tansah, manAR

