mukakeun panto kowari, 
       ngahusir ka lamin ading,
       lamin ading pancatulis,
       bale renceng / pangrekaan. /3r/
150 Pamikul beunang ngahi(ng)gul, 
       pangheret beunang miseret,
       li(n)car beunang ngaj(e)rinang,
       suhunan beunang marada,
       sare galar beutung tuha,
155 dijeujeutan kawat Jawa.
       U(n)ggah tohaan ka manggung, 
       pa(ng)guh lu(ng)guh di palangka./0/ 
       A(m)buing kaso(n)dong ngeuyeuk, 
       buat nu di tepas bumi,
160 eukeur ngeuyeuk eukeur meubeur, 
       eukeur nyulage mihane, 
       neuleum nuar nyangkuduan,
       ngaracet ka(n)teh pamulu, 
       ngela sepang ngangeun hayam.
165  Nyoreang ka lamin ading,
       ngadeuleu sali(ng)ger beuheung, 
       katuluyan deuleu teuteuh.
       Saur a(m)buing sakini:
       'Itu ta eugeun si utun! 
170 Ayeuna cu(n)duk ti timur,
       ayeuna datang ti wetan,
       datangna ti Rabut Palah.
       Anaking deudeuukanan!
       Anaking papalayanan!
175 Aing dék nyiar seupaheun.' 
      Na heuyeuk tuluy ditu(n)da,
      diparac apus / dada(m)par, /3v/ 
       loglog caor ti na to(ng)gong,
       diri hapit ti na pingping,
180 kedalan diri ti da(m)pal.
      Neut na(n)jeur ngajuga hangsa.
      Saasup sia ka bumi,
      nyi(ng)kabkeun kasang carita.
       Eu(n)deur na rarawis kasang,
185  kumare(n)cang kumare(n)cong,  
       ni(ng)gang ka na papan ja(n)ten. 
       Bogoh ku na ngaran kasang,
       kasang tujuh kali nyi(ng)kab,
       kasang seni tambi lu(ng)sir,
190  kasang pahang ta(m)bi laka,
       bedong dita(m)bi baya(m)bon,
       balang ditambi kacambang.
       Sau(ng)gah ka manggung ra(n)jang,
       gapay ka karas larangan,
195 dicokot na pasileman, [pasiboteng]
       digapay seureuh tangkayan,
       pinang ta cangcian keneh,
       pinang tiwi pinang ading,
       keur meujeuh pateumu angen.
200 Tuluy ngaha(n)ceng seupaheun, 
        dituruban saratangan,
        beunang ngaharemas,
        A(ng)geu/s ngaha(n)ceng
       seupaheun, /4r/
        dicokot pameres jati.
205  A(ng)geus nu meresan ra(m)but, 
       digapay na ebal ageung,
       dicokot kupa saranggeuy, 
        dieu(n)teupkan (ka na ceuli?).
       Tuluy eu(n?)ceum ka na peu(n)teu,
210 tuluy sari ka na pipi.
       Ti(m)buru nu kahiasan,
        sajingjing boeh cali(ng)cing,
        saka(n)dar boeh harega.
        saturun ti manggung ranjang,
215 garudag di tengah imah,
       garedog di balik panto, 
       kareket ni(n)cak taraje,
       ulang panapak ka lemah,
       kalangkang ngabiantara,
220 reujeung deung dayeuhanana.

(hanca)

Kirim email ke