Nuhun Ua,

Nembe teh aya pak Bachtiar oge ka kantor. Laju Kang Igan S. Sutawidjaja
(master ahli gunungapi ti Vulakonologi, Badan Geologi) naroskeun, saha wae
nu diulem, tiasa teu kanca abdi sumping oge). Ku ayana uleman ti Ua ieu
janten jelas.

Kang Bactiar aktif pisan. Kamari dina ngukuhkeun "Taun Internasional Planet
Bumi, 2007-2009" anu diayakeun ku Badan Geologi di Museum Geologi, anjeunna
oge sumping. Dina acara eta, biantara 2 inohong profesor ahli elmu-elmu
kebumian. Anu kahiji Prof Wahjoe ti LIPI, anu kadua, Dr. Mezak A. Ratag,
ahli meteorologi kelas dunya. Bahan-bahan ceramah aranjeunna aya di
pabetekan (Kang Nanang ti Galura kungsi ngopy, janten panyarungsum salah
sahiji eusining tabloid Galura minggu ieu).

Asa gaduh hutang ka Kang Bachtiar, Kang Budi, cc. Eta seratan ngeunaan sirah
cai di sabudeureun Bandung teu acan kelar wae. Padahal tos dianti-anti
kanggo eusi buku terasna karya KRCB: "Tengara dari Bandung Utara". Pidu'ana
wae ti sadayana, mugi lancar.

baktos,
manAR


On 1/10/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Ka baraya sadayana mugi aya waktos utamina anu di Bandung, kanggo hadir
dina acara Sawala PSS (Pusat Studi Sunda) :
Dinten Saptu kaping 13 Januari 2007, tabuh 13.00 bada dzuhur.
Tempat : PSS , JL Taman Kliningan II No.5 Bandung.
Tema : Geografi Bandung Purba
Panyatur : T.Bachtiar ti Masyarakat Geografi Indonesia (MGI) sareng
anggota Kelompok Riset Cekungan Bandung.
Sawala terbuka kanggo umum.

MSasmita
(didugikeun ka Kusnet tina sms ti Kang Dadan)






Kirim email ke