Seah na lemah katincak, eu(n)deur na
Ratu Bancana ngeunakeun tuang
kalangkang.
Cab ruy tapih meubeut keuneung,
225 ngeureut ka na bitis koneng,
ngahusir ka lamin ading.
U(ng)gah tohaan ka manggung,
deuuk teoheun palangka,
na seupaheun dia(ng)seukeun. /4v/
230 Saur a(m)buing sakini:
'Anaking, nu mucang onam!'
Sauma Ameng Layaran:
'A(m)bu aing sadu mucang'.
I(ng)keun mangka o(ng)koh mucang.
235 Carekeun si Jo(m)pong Larang.
Saturun ti kadatuan,
ngalalar caroge ageung,
nyangla(n)deuh ka Pancawara,
mukakeun pa(n)to kowari,
240 ngalalar ka Pakeun Dora.
Leu(m)pang aing nyangwetankeun,
meu(n)tas di Cipanangkilan.
Sacu(n)duk ka Pakeun Teluk,
sadatang ka Pakancilan,
245 mukakeun panto kowari.
Dingaran si Jo(m)pong Larang,
nyoreang ka lamin ading.
Carekna si Jo(m)pong Larang:
'Duh, ameng [ta] ti mana eta?
250 Ameng ta datang ti wetan,
sakaen poleng puranteng,
sasali(m)but sulam Baluk,
sasa(m)pay sut(e)ra Cina,
sapecut hoe walatung,
255 dige(m)peng-ge(m)peng ku omas,
jojo(m)pongna made / to(ng)gong.
/5r/
Teher lu(ng)guh di pala(ng)ka,
sila tumpang deung sideuha,
ngagigirkeun karas tulis,
260 teher nyeupah lumageday.'
Dingaran si (Jom)pong Larang,
na bogoh han-io kapalang,
diilikan dibudian,
dideuleu diteuteuh-teuteuh,
265 ti manggung dikaha(n)dapkeun,
ti ha(n)dap dikamanggungkeun.
Bogoh ku na pangawakan:
giling bitis pa(n)cuh geulang,
tareros na tuang ramo,
270 para(n)jang na tuang ta(ng)gay,
be(n)tik halis sikar dahi,
suruy hu(n)tu be(n)tik tungtung,
sumaray dadu ku seupah.
Dingaran si Jo(m)pong Larang,
275 gupuh sigug ga(m)pang kaeur,
leu(m)pang bitan gajar Jawa.
Sadatang ka kadatuan,
tohaan kaso(n)dong ngeu(y)euk,
eukeur ngeuyeuk eukeur meubeur,
280 eukeur nyulage mihane,
neuleum nuar nyangkuduan,
ngaracet ka(n)teh pamulu.
Tohaan / na Ajung Larang / 5v /
Sakean Kilat Bancana,
285 ngaleke ebreh na cangkeng,
cugenang tuang pinareup.
Teherna lu(ng)guh di kasur,
ngagigirkeun ebun Cina,
ebun Cina diparada,
290 pamuat ti alas peu(n)tas.
Tohaan Ajung Larang
nyoreang ti jokjok panon,
ngadeuleu sali(ng)ger beuheung,
katuluyan deuleu teuteuh.
295 'Itu ta eugeun si Jo(m)pong!
Na naha eta bejana?
Mana geura-geura teuing?'
Dingaran si Jo(m)pong Larang,
cat-cat gek deuuk di lemah.
300 Saur taan Ajung Larang:
'Jo(m)pong naha beja sia?
Mana sinarieun teuing?'
Dingaran si Jo(m)pong Larang,
umun sadekung ka manggung,
305 beres ngaburang ku ramo.
Carekna si Jorong Lo(m)pong:
'Taan urang Ajung Larang
Sakean Kilat Bancana,
ra(m)pes teuing jeueung aing,
310 latara teuing nu kasep. /6r/
Inya kasep inya pelag,
keur meujeuh pasieupan deung
taan urang Ajung Larang.'
Saur taan Ajung Larang:
315 'Jo(m)pong saha ngaranna?'
Sanembal si Jo(m)pong Larang:
'Samapun ngaranna Ameng Layaran.
Latara teuing na kasep,
kasep manan Banyak Catra,
320 leuwih manan Silih Wangi,