Ngukur ka Kujur (Lima Taun YP) Satungtung nu kabandungan di Kusnet, pasoalan nu disanghareupan urang Sunda teh lain bae perkara basa jeung kasenian Sunda nu pikawatireun. Tapi, oge mayakpak ti mimiti widang politik, ekonomi, pendidikan, lingkungan, jeung sosial. Contona: Kumaha supir angkot jeung kakilima didominasi seler lian. Kualitas lingkungan Tatar Sunda nu ancur -- boh alatan kabelegugan, boh alatan mental jeung praktek korupsi. Kasadaran atawa kaweruh urang Sunda ngeunaan sajarah selerna, boh nu buhun boh nu kontemporer, kawilang ipis. Kasadaran jeung kaparigelan politik urang Sunda sarua ipisna, antukna urang Sunda ukur jadi obyek manan jadi subyek dina widang ieu (oge widang lianna. Bari kituna teh, nginjeum istilah Teh Ely, jadi looser. Lain ukur follower). Analisis atawa pemetaan masalah di luhur, nu kaunggel dina rupa-rupa gaya, keur kuring, taya lian ti bagean tina ngukur ka kujur. Lian ti kitu, analisis eta nu ahirna ngalahirkeun Yayasan Perceka (YP). Intina: Hiji, gede leutik, YP boga karep milu ngomean kaayaan mun teu disebut hayang ngilu ngarobah dunya ge. Dua, YP boga karep pok prek prak. Teu eureun ngan nepi ka wacana sanajan, teu kabeh wacana bisa diprakkeun atawa memang teu kudu diprakkeun. Tilu, ngomean kaayaan tadi teh make cara nu organisatoris bari jeung legal formal (aya badan hukumna), teu padu kitu bae. Saranggeuyan jeung eta, opat, YP oge boga karep ngawadahan aktivitas anggota Kusnet. Sanajan udagan jeung ambahan YP kawilang lega atawa jugala: Ngamajukeun kabudayaan (Sunda), YP maheutkeun dirina dina ngagarap pabukon (Pabukon Simpay Katresna) jeung bea siswa. Malah, alatan nagara geus insap, bea siswa mah teu dituluykeun. Kahareup, siga nu ditepikeun MJ dina postingna sawatara ka tukang, YP rek neangan modus lian dina raraga nepikeun kadeudeuh ka sasama Sunda ieu. Pangacaprukan ieu hayang ngajak sakur nu maca ngalenyepan naon nu kira-kira bisa dilakukeun ku YP ka hareup. Bari tetep teu ingkah tina udagan jeung ambahan, oge nu paling penting kasanggupan urang sarerea. Teu kudu maksakeun. Bongan, lian ti paniatan mimilisan nu teu sarua (paling ge nu nyaruakeun urang kabeh, sarua kopeg bae: Hayang ngilu ngamumule basa Sunda meureun. Atawa, boa-boa, sawareh mah tamba nganggur bae), oge concern jeung kamampuan urang dina oorganisasiaan ge tangtu beda-beda. Aya nu militan, nu siap ucul waktu jeung tanaga (oge ongkos) pulang anting Bogor-Jakarta-Bandung-Bogor, atawa Seoul-Jakarta-Kiara Dua-Ciwidey-Garut-Jakarta-Seoul, aya nu ukur sambung dua wungkul. Tangtu bae kabeh ge hade, boh nu militan boh nu ngadungakeun wungkul pon kitu nu ukur lalajo atawa keprok, atawa ngadon utah pisan. Ngan, patanyaan kuring: Naha pantar YP atawa Kusnet rek eureun ngan nepi ka PSK, bea siswa, jeung ...HBH? Nanya kitu teh lain bae pedah YP diadegkeun ku hiji milis, nu anggotana rebuan, dumukna sumebar sakuliah dunya, ti Cibatu nepi ka New York, bari miboga pendidikan jeung profesi nu rupa-rupa. Tapi, sanajan lain ormas, salah sahiji asbabul nujul YP teh taya lian ti hayang ngawadahan potensi jeung aspirasi anggota Kusnet. Kukituna, alus gorengna YP teu bisa ngan ngandelkeun kadaek MJ salaku pupuhu atawa rengrengan pangurus lianna. Tapi, kumna ka urang sakabeh. Matak, munasabah mun kuring ngalungkeun patanyaan tadi: Piraku ngan nepi ka PSK, bea siswa, jeung...HBH? Hartina, lian ti PSK jeung bea siswa, boa-boa, aya ide-ide lian nu bisa dilakukeun ku YP salaku organisasi, lain individu. Komo, baheula, kungsi aya sawatara paniatan hade nu pating peletek, bari katingalna ngabuntut bangkong. Dalah, di mana rek eureun nepi ka PSK ge, naha euweuh evaluasi ngeunaan hal eta nu bisa ngaronjatkeun kualitas eta program? Boh sacara konsep atawa prak-prakannana? Kaasup gaya nu low profile salila ieu? Saha nu nyaho, nyanghareupan lima taun kaduana, YP leuwih bisa ngigelan naon nu nyampak di ieu milis. Udagan jeung ambahan ieu yayasan moal jadi hahalang. Malah, jadi pangrojong. Percaya, dah! Salemba, 12 Januari 2006
Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441 --------------------------------- Don't get soaked. Take a quick peak at the forecast with theYahoo! Search weather shortcut.

